Iklan

23 Oktober 2012

Konser Tunggal Nining Meida Ngubaran Kasono Urang Sunda Kana Kawih Sunda


Nining Meida mulangkeun panineungan ngaliwatan kawih

Para penari ti sanggar Fitria Cimahi
Penonton leuwih ti 3.000 urang
Bapa Gubernur sareng Ibu ngiring ngawih dina lagu "Sorban Palid"
  Konser tunggal Nining Meida di Gedong Sasana Budaya Ganesha ( SABUGA ) Minggu (21/10/12) geus sababaraha poe rengse dilumangsungkeun. Konser anu dikomentaran ku sawatara masyarakat sunda minangka konser anu kaasup sukses jeung nyugemakeun sakumna “penikmat ” lagu-lagu pop sunda. Salian ti masyarakat disabudeureun dayeuh Bandung, oge daratang masyarakat penggemar Nining Meida tisaluareun wewengkon nu lianna saperti ti Sukabumi, Garut, Sumedang, Majalengka, Jakarta malah kuring oge ngawawancara salah saurang pengunjung anu asalna ti Padang nu ngahajakeun datang ka gedong Sabuga pikeun ngahadiran konser tunggal Nining Meida tea, “saya sebenarnya lahir di Bandung, tapi dari kecil saya pindah sama orang tua saya ke Padang. Tapi saya suka lagu-lagu sunda apalagi yang dari Nining Meida“ pokna bari ngahaleuangkeun lagu “Kalangkang”minangka lagu anu dipikameumeut ku manehna.
Salian ti masyarakat persaurangan, oge daratang oge ti komunitas-komunitas nu mikacinta kana kawih-kawih ti Nining Meida diantarana Bobotoh Persib ( Viking ) anu ngabringkeun wadia baladna kalayan mawa spanduk anu kawilang gede kalayan tulisanana “Nining Meida kabogoh Persib“. Terus oge aya komunitas “Penari jadul taun 80an” anu kawengku kana komunitas "Laskar Jawara" nu diluluguan ku kang Adang Aju jeung Ayi Dapa oge datang kana eta acara kalayan milu ngarengklak ti awal Nining Meida ngagalindengkeun lagu anu munggaran nepi ka lagu anu wekasan.
Salian ti Nining Meida, oge milu ngadeudeul artis-artis sunda anu sejenna diantarana Rita Tila anu ngagalindengkeun lagu “Bagja Jeung Cinta” oge “Hanjakal“ anu ngahipnotis nu nongton terus aya oge Rya Fitrya KDI oge Neneng Fitri. Mun diitung-itung acara Konser teh di euyeuban ku sakitar 80 urang paminton, di antaranya Orkes Simfoni UPI, Kampiun B’Band, Galengan Sora Awi, Sundanis, jeung 30 penari ti Sanggar Fitria kota Cimahi pimpinan Apih Ajat.
Nining Meida oge ngagalindengkeun sakitar 15 lagu, di antarana Kalangkang, Sesah Hilapna, Tibelat, Kulu-kulu Sadunya, Hariring Kuring, Talaga Reumis, Asih Urang, Sorban Palid, Rangrang Kamelang, Karembong Kayas, Kawah Putih oge dipungkas ku lagu Rayak-rayak anu langsung diibingan ku sakumna masyarakat anu daratang.
Konser kasabit oge disarumpingan ku seniman-seniman Jawa Barat saperti kang Doel Sumbang, Acil “Bimbo’, Rika Rafika, Inonk malahan Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan sareng istrina Netty Heryawan, terus Kadisbudpar Jabar Nunung Sobari, oge Sekda Kota Bandung Edi Siswadi. Sabenerna produser Dose Hudaya oge saacan acara dimimitian oge datang, ngan balik deui kusabab aya kasalahpahaman jeung panitia.

23 Agustus 2012

Bagea ngan pileuleuyan


Geulis jungjunan engkang…..
Sadinten tadi mah engkang anteng ngariksa rasa nu nyaliara dina dada.....
Engkang teu wasa mun kedah meper hate maténi  ati.....
Da bongan atuh rasa katresna teh teu suda-suda ka salira…
Da bongan atuh ringkang salira tos nyaliara ngaraga sukma dina kongkolak ieu rasa.....
Tangtos sesah kanggo engkang pikeun mopohokeun, sok sanaos mangrewu pamupus nu dianggo.....
Bagea jeung pileuleuyan enung pupujaning ati, sosoca engkang dipawenangan…

Prak geura alap kabagjaan nu ku salira dipiharep..
Tong ieuh nolih katukang pikeun neuteup engkang nu keur nahan ragrag na cipanon...
Engkang surti yén léngkah nu ku salira disorang masih kénéh ngembat panjang...
Rumasa engkang mah teu bisa méré mawéh ka salira..
Engkang ngan mibanda rasa katresna nu moal dipibanda ku nu lian...
Engkang teu miharep salira mikaringrang misalempang ka engkang..
Keun da engkang mah meureun geus titis tulis ti hyang widi kudu kieu......
Bagea jeung pileuleuyan enung pupujaning ati, sosoca engkang dipawenangan…

GEUS SAAT CIMATA

Baluweng, naon nu kudu dipilampah ? Rék ceurik ge teu bisa da geus saat cimata.............. Pileuleuyan Mamah..pileuleuyan bapa....!! Mugia urang tiasa kempel deui dialam jaga..

Diapung liwung gandrung jeung impian riwan


Rénghap jeung ambekan nu kungsi katahan....... Sabab urang papada diapung lawung gandrung mangsa harita. Rindat paadu rindat, kélét dibarung imut lir nu awor silih pentang sapanjang urang namplokan rasa ka gandrung. Wanci nyérélék lir nu teu katolih deui.. Awak lungse méh teu karasa kaberung ku tonggoy na nu silih seuseup asih jeung birahi.
Salira imut ngagelenyu cicirén cacap sagala bangbaluh nu lila nyangkaruk dina kalbu. Salira ngagaréwoskeun walapatra nu matak ngalayang unggal sukma..." Engkang, salira éstuning lalaki langit lalanang jagat "

Teu karasa, ragamang leungeun engkang ngusapan rambut salira bari pinuh ku kadeudeuh...sok sanaos tiasa janten mung engkang wungkul nu ngarasa deudeuh na...

Hanca........

Fiksi Teuing


Sakepeung kuring sok tumanya ka diri, naha bet diparengkeun jadi jalma anu bageur jeung nyaahan ka batur ? Eta weh pédah kuring mah sok karunyaan jeung sok hayang méré pitulung waé ka batur.
Kungsi hiji mangsa kuring panggih jeung mahasiswi geulis rancunit umur 22 taun. Cenah manéhna can kungsi ngarasakeun boga kabogoh jeung bobogohan, nya da ujug-ujug bijil wéh rasa sosial jeung nyaahan kuring. Atuh teu talangké nawarkeun diri sangkan dijadikeun kabogoh ku manéhna….tuh sakitu daék berkorban na kuring mah nya ?

Kadua kalina kuring panggih jeung saurang dosén awéwé geulis nu umurna geus 35 taun tapi can nikah cenah mah. Beu, aya ku taréga éta kaum lalaki bet ngantep ka manehna… Atuh jiwa sosial jeung nyaahan kuring bijil deui, nya satékah polah nawarkeun diri jadi beubeureuh manehna…tuh kabuktian deui sakitu béréhan pisan kuring mah..

Anu panungtung mah kajadianana can lila. Kuring panggih jeung “ Ibu muda ” umur kurang leuwih 24 taunan kakara boga budak hiji leutik kénéh jeung beungeut manéhna kacida geulis jeung pangawakanana sampulur pisan. Hirupna ngan duaan wéh jeung anakna da dipangejatkeun ku salakina.
Beu, aya ku pikawatireun hirup salira teh nyi… Geulis-geulis kedah nandangan lara tunggara. Atuh sarua harita ge rasa bageur, nyaahan jeung sosial kuring ujug-ujug nguniang hudang. Terus satékah polah hayang deudeukeutan jeung nyi randa ngora tea….tuh sakitu bageurna kuring mah nya ?

Numatak réa babaturan nu ngomong yén kuring mah sakuduna gawé di dinas sosial da bageur jeung nyaahan tea…

*Bari culang cileung bisi aya sekuriti tukangeun*