Iklan

23 Oktober 2012

Konser Tunggal Nining Meida Ngubaran Kasono Urang Sunda Kana Kawih Sunda


Nining Meida mulangkeun panineungan ngaliwatan kawih

Para penari ti sanggar Fitria Cimahi
Penonton leuwih ti 3.000 urang
Bapa Gubernur sareng Ibu ngiring ngawih dina lagu "Sorban Palid"
  Konser tunggal Nining Meida di Gedong Sasana Budaya Ganesha ( SABUGA ) Minggu (21/10/12) geus sababaraha poe rengse dilumangsungkeun. Konser anu dikomentaran ku sawatara masyarakat sunda minangka konser anu kaasup sukses jeung nyugemakeun sakumna “penikmat ” lagu-lagu pop sunda. Salian ti masyarakat disabudeureun dayeuh Bandung, oge daratang masyarakat penggemar Nining Meida tisaluareun wewengkon nu lianna saperti ti Sukabumi, Garut, Sumedang, Majalengka, Jakarta malah kuring oge ngawawancara salah saurang pengunjung anu asalna ti Padang nu ngahajakeun datang ka gedong Sabuga pikeun ngahadiran konser tunggal Nining Meida tea, “saya sebenarnya lahir di Bandung, tapi dari kecil saya pindah sama orang tua saya ke Padang. Tapi saya suka lagu-lagu sunda apalagi yang dari Nining Meida“ pokna bari ngahaleuangkeun lagu “Kalangkang”minangka lagu anu dipikameumeut ku manehna.
Salian ti masyarakat persaurangan, oge daratang oge ti komunitas-komunitas nu mikacinta kana kawih-kawih ti Nining Meida diantarana Bobotoh Persib ( Viking ) anu ngabringkeun wadia baladna kalayan mawa spanduk anu kawilang gede kalayan tulisanana “Nining Meida kabogoh Persib“. Terus oge aya komunitas “Penari jadul taun 80an” anu kawengku kana komunitas "Laskar Jawara" nu diluluguan ku kang Adang Aju jeung Ayi Dapa oge datang kana eta acara kalayan milu ngarengklak ti awal Nining Meida ngagalindengkeun lagu anu munggaran nepi ka lagu anu wekasan.
Salian ti Nining Meida, oge milu ngadeudeul artis-artis sunda anu sejenna diantarana Rita Tila anu ngagalindengkeun lagu “Bagja Jeung Cinta” oge “Hanjakal“ anu ngahipnotis nu nongton terus aya oge Rya Fitrya KDI oge Neneng Fitri. Mun diitung-itung acara Konser teh di euyeuban ku sakitar 80 urang paminton, di antaranya Orkes Simfoni UPI, Kampiun B’Band, Galengan Sora Awi, Sundanis, jeung 30 penari ti Sanggar Fitria kota Cimahi pimpinan Apih Ajat.
Nining Meida oge ngagalindengkeun sakitar 15 lagu, di antarana Kalangkang, Sesah Hilapna, Tibelat, Kulu-kulu Sadunya, Hariring Kuring, Talaga Reumis, Asih Urang, Sorban Palid, Rangrang Kamelang, Karembong Kayas, Kawah Putih oge dipungkas ku lagu Rayak-rayak anu langsung diibingan ku sakumna masyarakat anu daratang.
Konser kasabit oge disarumpingan ku seniman-seniman Jawa Barat saperti kang Doel Sumbang, Acil “Bimbo’, Rika Rafika, Inonk malahan Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan sareng istrina Netty Heryawan, terus Kadisbudpar Jabar Nunung Sobari, oge Sekda Kota Bandung Edi Siswadi. Sabenerna produser Dose Hudaya oge saacan acara dimimitian oge datang, ngan balik deui kusabab aya kasalahpahaman jeung panitia.