Iklan

02 Maret 2010

REUEUS KU PUN BOJO ANU GAPTEK


Sawangan pikeun miboga batur hirup nu geulis, beunghar jeung pinter tangtu dicangking ku sakumna lalaki nu ilahar...teuing tah ceuk sawangan lalaki nu teu ilahar mah..



Pon kitu deui kuring... Ti keur mangkak rumaja, ti mimiti aya sir ka awewe kuring sok nyawang kumaha mun kabiruyungan meunangkeun awewe nu loyog jeung kriteria di luhur ?



Kuring miang lunta ti lembur pikeun bisa ngahontal sagala kahayang nu disawang.. Alhamdulillah kuring diparengkeun panggih jeung hiji mojang lenjang urang Utama Cimahi nu ceuk kuring oge sing saha wae nu nenjo cenah meni rancunit, geulis bawaning ngajadi endah bawa ti kudrat ( jiga Wina nu nyanyi lagu sunda Budak Saha)... Nyi Imas ngaranna eta mojang teh... Rambutna ombak banyuan, socana meni cureuleuk, pangambung kuwung-kuwungan sok sanajan teu kasebut mancung oge, lambeyna lir ngagondewa, damis ngadaun seureuh, gado lir endog sapotong, waos lir gula gumantung, halis ngajeler paeh, imbit lir jaksi sajantung, cangkeng lengkeh lir papanting, pinareup meni nyeungseum.. Pokona teu aya cawadeunana ceuk kuring mah. Teuing pedah geus tarik watek jodo teuing karunyaeun ka kuring, eta nyi Imas teh ujug-ujug jiga nu kajamparing asih kapentang panah asmara dina munggaran patepung lawung paamprok jonghok jeung kuring (tapi ceuk uing mah jigana kusabab uing na weh nu kasep..heu..heu...). Pondokna carita, kuring kakara oge gawe 3 bulan di hiji perusahaan tekstil di daerah cimahi, ujug-ujug nyi imas menta dirapalan.. Sajongjonan hareugeueun.... Antara percaya jeung teu percaya... Maenya mojang nu sakitu kewes jeung kaasup kulawarga aya di lemburna, bet daek mileuleuheungkeun jajaka nu samodel kuring ? Kuring mah estuning nincak kana paribasa Jauh ka bedug anggang ka dulag..estuning urang kampung bau lisung.... Tuna harta sepi harti...



Tapi nyi imas katut kulawargana ngayakinkeun yen lain eta nu jadi udagan.... Nyi imas mah kacida yakinna yen jodo pati bagja cilaka anging kersana nu Maha Kawasa... Banda bisa diteangan cenah asal urangna nu daek ihtiar kalawan ngeureuyeuh bari nikreuh...

Jadi, kriteria geulis jeung beunghar geus nyampak di diri nyi imas... Tinggal ngabuktikeun pinterna...



Teu karasa kuring rumah tangga jeung manehna nincak ka taun nu ka 12.... Alhamdulillah Gusti nu Maha Suci parantos maparin turunan ka kuring jeung nyi imas murangkalih sajodo nu kasep jeung geulis nurun ti indung bapana..heu..heu...



Tinggal ngabuktikeun kapinteranana nyi imas. Nyi Imas kacida pinter pisan mun ngeunaan kana masak, salian ti eta kacida hese beleke.....

Komo mun ngomongkeun tekhnologi mah. Make hape ge kudu dibejaan sabaraha kali mun hayang nyetel lalaguan tina format mp3 teh... Kitu deui kana komputer, tong boro jiga batur maen internetan atawa nanahaon.. Nyi imas mah hayang nyetel lagu favoritna dina PC oge teu bisa-bisa, sakalieun muka jet audio atawa power dvd oge sok nitah ka budak nu cikal... Ari lagu karesepna nyaeta lagu2 nu sok dihaleuangkeun ku Fitri, Rani Silwi, Alda, Annie Carrera, Poppy mercury, Nike Ardila jeung Rosa...

Salian ti eta mah teu resepeun nyi Imas mah...



Pernah hiji mangsa nyarita ka kuring, cenah hayang jiga batur maen fesbuk... Pedah ngadenge ti kolot2na babaturan barudak di sanggar jaipongan jeung sok ninggali kuring pedah sok anteng mun keur fesbukan teh... Ku kuring diobrolkeun yen maen fesbuk teh rada rieut sabab loba fitur-fitur nu aneh. Kakara sakitu ge nyi Imas langsung murengked teu jadi hayang boga fesbuk teh.... Beu teu kasawang mun kuring jeung manehna aranteng maraen fesbuk, meureun barudak barangkeakan, imah teu kaurus da kuring mah teu kuat ngukut nu purah babantu di imah....



Manehna kacida percayaeun pisan ka kuring, cenah moal mungkin kuring ngalakukeun nirca satukangeun manehna.. Kitu deui kuring percaya ka manehna moal mungkin nirca satukangeun kuring, komo deui chatting an mah. Da ngahurungkeun komputerna oge teu bisaeun....





Tah eta pisan nu matak kuring nineung pisan ka nyi Imas teh....



I love You Full,....nyi Imas !!

5 komentar:

  1. hehehehehehhehehehe kang jayuuuuuuuuuuuuuus aya ku raoseun carios na teh...... hehehhe... kade ah akang anteng olangan.... hehehehe

    BalasHapus
  2. Apana Rifa > Insya Alloh moal anteng nyalira kang, da ayeuna mah nyi Imas na oge tos kagungan FB...heueu

    BalasHapus
  3. duh asa ku reueus sareng waas na..maos seratan Kang Yopi dihariringan ku musik sunda...sanaos simkuring nuju ngumbara di nagara batur..asa caket panineungan sareng asa kumahaaaa kitu..kaleresan nuju sono ka lembur ieu teh. hapunten Kang pami basa sunda sim kuring kirang merenah.

    BalasHapus
  4. wkwkwkkw... asli ini blog bisa bikin ngakak.. gw sih gak bisa bahasa sunda, tapi ngerti lah ini isinya apaan.. keren deh pokoknya.. berawal dari masukin google bahasa sundanyanya "suamiku" apa, eh temen bilang "pun bojo", masukin key word nya malah kbuka blog ini..malah jadi keasikan baca deh.. serasa lagi di pesta kawinan orang sunda, musik suling menemani dan kalimat yang terbacanya bikin geli..

    terus nulis yah kang.. gw seneng bacanya ^___^v

    BalasHapus
  5. Heu..heu..heu...hatur nuhun parantos nganjang ka blog sim kuring anu basajan pisan...

    =====================================

    Heu..heu...heu...Terima kasih sudah singgah ke blog saya yang sangat sederhana....(terjemah)

    BalasHapus

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.