Iklan

02 Maret 2010

ASA DIHEULANG


Sesah.... bade timana munggaran babar ngaguar rasa. Ngaheruk, ngangluh jeung bingung rek timana ngaruntuy ngajujut catur. Nanging dina dada pagaliwota ku mangrupa-rupa kaseunggah. Nanging dina qalbu estu ngagulung ngabale bandung ku mangrupa-rupa kabingung.. Bade kamana deui atuh putra pikeun nyiruruk nyuhunkeun pitulung waktos nuju kenging bangbaluh. Kedah kamana deui atuh putra pikeun ngabudalkeun sagala rasa waktos kenging kasusah.. Da puguh anjeun mah estuning janten tempat panyaluuhan sadaya putra anjeun. Da puguh anjeun mah tempat panglumpatan dimana aya masalah.. Ari pek, kiwari anjeun tos tilar.......................

Subuh mangkukna, dak dumadakan bumi alam asa tungkeb. Alam nu tadina cangra ngadadak kalimpudan ku geuneuk maleukmeuk reueuk hideng.. Pileuleuyan Mamah, sok sanaos putra neger-neger maneh nahan sagala rasa supados tong bengkah janten cimata.. Sanaos ka adi-adi abdi wawadi supados teu kenging kaleuleuwihi mirig ku citangis. Angger weh putra teu tiasa nahan rembesna cipanon. Angger weh putra teu tiasa nahan ragragna cisoca.. Layon anjeun digabrug digugulung ku saderek sadaya. Asa teu percanten kana naon nu tumiba harita. Salami ieu apanan dikulawargi urang mah teu acan kangtos dikantunkeun ku sasaha. Atuh si Ema, sumuhun ibuna mamah apanan aya keneh. Duh anjeunna meni gegerentelan waktos nguping mamah tilar. Saurna, naha make kudu anak nu miheulaan miang ti alam pawenangan ? Boh kitu deui raka oge paman-paman mamah apanan masih araya keneh rempeg sadayana.. Tapi naha ? Bet mamah anu mayunan angkat tipayun ? Tapi naha sakalieun dicandak ku nu Maha Kawasa teh bet jalmi nu salami ieu dipikaasih ku sabumi dipikanyaah ku sadaya ? Sadayana pada nganaha-naha, nanging diri enggal surti yen ieu teh tos takdir ti Gusti.

Mung hiji nu matak reugreug kanggo putra sadaya. Waktos dina mayunan sakaratul maut, mamah katinggal ikhlas, pasrah kalayan sadrah nampi dipenta nyawa ku Nu Maha Kawasa. Tina lambey mamah teu kendat-kendat ngucap kalimah tauhid... Laaillahaillallooh, Muhammadarasululloh....Laaillahaillallooh, Muhammadarasululloh...Astagfirullah al'adzim....Astagfirulloh al'adzim....! Eta pisan nu matak bagja kanggo putra.. Biheung tiasa kitu atanapi henteu putra mah dimana engke mayunan sakaratul maut teh ? Kantenan waktos mamah nyarios ka abdi " Jang, Mamah teh tos cape. Mamah hayang sare..." harita abdi ngawalon bari teu curiga " Mangga atuh mamah kulemkeun, abdi ge hawatos ninggal mamah teu acan kulem sawewengi ". Harita mamah malik ngaler bari peureum. Hate rada reugreug ningal mamah tiasa kulem, ari pek....nu dimaksad " sare " ku mamah teh singhoreng......duh Gusti...pun biang teh gening ngantunkeun !!

Sagala kasaean Mamah salami ieu boh ka wargi-wargi pon kitu deui ka batur atra natrat katinggal. Sadaya nu ngadangu sami-sami asa teu percanten. Mamah nu kamari-kamari jagjag waringkas kiwari tos ngababatang.. Tatanggi sa lembur ampir tumplek sadayana. Atuh urang laut oge papada sumping hoyong ngedalkeun rasa bela sungkawa.. Da gening Mamah mah meni berehan pisan ka sasaha teh.. Mamah mah gening aya kalana kajeun nyalira teu nuang, asal putra atanapi batur tiasa tuang.. Seueur jalmi boh anu kenal atanapi nu teu kenal nu ditulungan ku Mamah.. Sok sanaos dina cariosan Mamah mah sok seueur banyol, cawokah sakapeung mah harung gampung, nanging teu ieu matak nyeri hate batur.. Numawi teu helok upami seueur nu nyebatkeun " Asa DiHeulang " ku maotna Mamah teh..

Piwuruk Mamah ka palaputra sadayana estuning didama-dama pisan. Duh, sok emut kapungkur upami putra lepat nyarios rada kasar ka batur sok enggal dihulag bari dilereskeun. Undak usuk basa sunda estuning merele ti Mamah mah.. Pon kitu deui jiwa seni nu ngalir dina getih abdi, apanan lungsuran ti Mamah.. Sok emut kapungkur waktos dilembur, bari disaliksik sirah abdi Mamah ngajarkeun kawih " Girimis Kasorenakeun ". Dugi ka kiwari meni asa dadangueun abdi waktos Mamah ngahaleuang " Girimis, Kasorenakeun..ngeunteungan qalbu nu liwung..katumbiri layung langit awor jeung cipanon ngembeng...awor jeung cipanon ngembeng....." duh Gusti.....eta kawih sok digalindengkeun ku putra dugi ka kiwari.

Mamah, ku teu wasa nahan ieu cisoca. Malihan mah putra waktos nyerat ieu walapatra teh dibarung ku merebeyna cisoca. Cisoca putra ragragan murubut teu katahan, karaos haneut mapay damis.. Nanging sanes cisoca midangdam nu kaleuleuwihi tetebiheun ngarasula kana takdir ti Gusti. Nanging ieu mah cisoca nu dibarung pangdu'a kanggo mamah. Ieu mah estuning cisoca putra nu ngaraos kahutangan budi ku Mamah ti kawit abdi orok, budak, mangkak rumaja tug dugi ka kiwari manjing dewasa. Nanging rumaos putra teh tamelar ka Mamah, rumaos teu acan tiasa mulang tarima tetebiheun mulangkeun kaasih ti Mamah salami ieu mah.

Alhamdulillah, gening seueur pisan wargi2 sareng tatanggi nu haat bela ka Mamah teh. Layon mamah estuning dipiara didama-dama ku sadayana. Ti kawit nyiraman, ngaboehan, nyolatkeun, ngajajapkeun ka pajaratan tug dugi ka ngurebkeunana estuning pada2 hoyong miara.

Waktosna ngurebkeun, dak dumadakan dinten harita mah langit teh diparengkeun caang. sok sanaos apanan usum hujan dilembur teh.

Mamah, saleresna seueur keneh nu palay dibudalkeun ku putra teh... Nanging unggal bade ngutekkeun ramo kanggo ngetik, bet teu kiat nahan murubutna cisoca...

Ayeuna mah putra mung tiasa sambung pidu'a. Mugia Mamah ditampi Iman sareng Islamna, dicaangkeun di alam pakuburannana, ditempatkeun di tepat anu mulya mungguh Alloh SWT, oge mugi mamah mulihna ka alam kubur teh nyandak amal anu mundel... Insya Alloh putra katut saderek sadaya baris teu kendat-kendat ngintun pangdu'a kanggo mamah. Da apanan saur katerangan parantos natrat yen salah sawios anu baris ngahampangkeun dosa di akherat teh nyaeta Do'ana anak nu sholeh.....



Pileuleuyan....pileuleuyan mamah ! Insya Alloh jaga jaganing jaga urang diparengkeun deui riung mungpulung di SyurgaNa Alloh........



Amin Ya Robbal 'alamin.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.