Iklan

01 Maret 2009

RUPA-RUPA WANGUNAN IMAH URANG SUNDA BAHEULA




Sangkan leuwih eces dihandap ieu di jelaskeun ngaran-ngaran babagian tina imah urang sunda baheula.

Abig/ampig : bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.
Balandar : sarupa balok wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
Bilik : pipinding imah nu dijieun tina anyaman awi anu meunang ngahuaan.
Golodog : tetecean atawa tangga paranti unggah atawa turun ti imah ( Imah panggung ).
Hateup : tutup imah diluhur sangkan iuh atawa ulah asup cihujan, dijieun tina daun eurih, daun kiray, daun sadang atawa daun kalapa ( mun di pameungpeuk mah sok make daun dahon )
Jandela : lawang angin atawa cahaya dina bilik atawa dingding tembok nu bias dibuka jeung ditutup cara panto.
Kolong : rohangan dihandapeun imah panggung.
Lalangit : tutup rohangan imah beulah luhur ( bagian para Beulah handap )
Lincar : camped ( papan ) rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung)
Kuda-kuda : balok kai nu dipasang dengdek anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul.
Pongpok : rohangan di sisi ( handapeun suhunan ) anu sok ditutup ku abig/ampig.
Suhunan : bagian imah anu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah,
Wuwung : tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan: wuwung sok dijieun tina seng, tembok, atawa tina injuk ( dina imah dipasisian ).
Amben : tepas imah panggung nu lantana tina palupuh.
Tepas : emper, bagian imah panghareupna nu digemblangkeun, paranti narima semah, ngawangkong jeung tatangga ( di imah panggung ), jsb.
Patengahan : rohangan imah nu ditengah.
Dapur/pawon : rohangan imah nu ditukang, paranti masak, jsb.
Goah : rohangan ( biasana di dapur ) paranti nyimpen pabeasan, kadaharan, jsb ( di imah panggung )
Pangkeng : kamar, rohangan imah paranti sare atawa barang simpen.
Pakarangan : tanah sakurilingeun imah.
Buruan : tanah hareupeun imah.
Pipir : tanah tukangeun imah.



4 komentar:

  1. Hatur nuhun kana penjelasanna, ieu mangfaat kanggo abdi mah,,,

    Axoer

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun kang Jang kana penjelasanana.. mangfaat pisan kanggo sim kuring nu tos harilap deui nami-nami di sunda teh...

    axoer

    BalasHapus
  3. reueus nguningaanana,...
    kabita kang abdi mah.
    mun jaga ditakdirkeun gaduh rijki. rorompok teh bade ngangge desain nyunda.
    nanging mugi kersa ngawaler patarosan abdi.
    dupi denah rohangaana, nu kumaha aslina teh kang?
    samodel, tepas, goah, enggon,golodog jamban jeung sajabana.
    abdi mah hoyong terang lebah-lebahna.
    mundut waleran kang.
    nuhun sateuacana.

    Rie_my28@yahoo.co.id

    BalasHapus
  4. Hatur nuhun kang Anonim parantos ngersakeun lebet kana blog nu sim kuring.
    Sakaterang sim kuring dumasar pangalaman kapungkur waktos di lembur da kaleresan kapungkur teh rorompok pun biang kalebet wangunan imah panggung. Urang tatayan weh nya ti payun dugi kapengker :
    Golodog pernahna paling payun nu sok dianggo tetecean mun rek naek ka bumi, malihan mah sok dianggo nyimpen sendal.
    Tepas pernahna diluareun wangunan imah nu utama tapi masih keneh napel kana wangunan imah, sok diparake ngumpul atawa disawatara lembur mah sok dipake ngaraji barudak.
    Enggon atawa pangkeng atawa kamar biasana sok sajajar jeung tengah imah. sok dijieun sababaraha rohangan keur misahkeun antara tempat sare kolot, budak oge semah.
    Goah biasana mah sajajarna jeung dapur ngan pedah dipenggel wungkul keur nyimpen bahan kadaharan biasana mah.
    Jamban, biasana mah di imah panggung di pilemburan sok tara boga jamban di imah. Mun aya ge sok misah disatukangeun wangunan imah jeung tara di hateupan cukup ku gedeg wungkul.

    Sakitu panginten waleran ti sim kuring mah sok sanaos singket mudah2an tiasa kahartos...

    BalasHapus

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.