Iklan

02 Maret 2010

BABAR KECAP PANYIPUHAN ALAM PANYUNDAAN


Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya.
Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.
Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.
Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.
Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.
Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda.

Babak carita urang buka ku tekad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH :
Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.
Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.

Hurung ngempur Lampu Agung - Siang Leumpang Ngabaladah...
Ku Rasa nu Ngabasa.
Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara.
Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga.
Ku Uga nu Ngawaruga.

Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat.
Pangjangka nu ngajarak saban arah - ngajadikeun KARAMAH.
Pamatri nu ngajirim kana diri - ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabale gandrung - ngajadikeun KARUMAH.
Pangleber nu meber ka sekeseler - ngajadikeun KAREMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero - ngajadikeun KAROMAH.
Panggeter nu meper - ngajadikeun KAREMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung - ngajadikeun KEREUMAH.

Basa nu hirup dina Rasa - Nga Uga KANYATAAN.
Basa nu hirup jadi Wasa - Nga Waruga KALAMPAHAN.

Indung nu jadi simbul Panyipuh :
Kembang tujuh rupa nu baris mere tangara seungitna Jati Sunda.
Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.
Gelarhirhing " BABAR SUNDA - DINA UGA - NGAWARUGA ".

Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rek ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.
Kuring rek ngalengkeh ti Wewengkon Siliwangi mere beja nu TEGES - ECES - BENTES :
SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.
SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.
SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
Sunda Indung Sagala Manusa. Bral...! Prak...! Prung...!

4 komentar:

  1. kang... abdi bulak balik maos ieu seratan... kalintang kataji na abdi mah... kana kaluhungan budaya sunda.... sareng jalmi sapertos akang teh diperyogikeun pisan kanggo ngajagi rumpaka budaya sunda... teraskeun kang....... abdi aya ditukangeun akang ngiring ngarojong akang dina nanjeurkeun budaya sunda...... (apana rifa )

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun kang.. Saleresna mah ieu teh sanes seratan asli sim kuring, namung ieu seratan nu dipasihkeun ti hiji sepuh nu kalintang ngagem pisan kana tata titi duduga peryoga ti karuhun bihari. Nya sim kuring oge ngaraos kataji sareng nyobi ngabewarakeun deui ka nu sanes..

    BalasHapus
  3. Sampurasun
    Kalayan rohmat Alloh tur barokah manten-Na.
    SEJA URUN PANGBAGEA SUMPING.
    Ngadugikeun kareueus dina ieu situs
    SUNDA MATANDANG NGARINGKANG MAKALANGAN.
    Nu dibagea ku Kecap Panganter; “Rajah”
    Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan.

    Nitenan kecap anu katata dina ieu babaran,
    Lir mancar dangiang alam anu ninggang
    kana wayah.
    Cunduk waktu purun laku.
    Nyukma alam nu katewak dina rasa.
    Ngusumah ngalawung ka Lauh Mahfud.
    Nitis ngawanci, ngadiri di Lauh Jinawi.
    Dina ati anu suci.

    Rancage gawe meber ka sekeseler.
    Wuruh ku panglimpud elmu.
    Sewu, mangrewu teu kaitung.
    Saestu akur reujeung Hyung Agung.

    Boa sinyal Budak Angon rek kapeto….?
    Boa sinyal Budak Janggotan rek makalangan…?
    Ngahiji kawin, ngababakan ngamanunggal na jatirasa.

    Alam asa mere tanda.
    Ngan mere tanda ka tiap diri anu surti.
    Anu boga kanyaah hayang nata ieu dunya.
    Nu ngawatek teu robah sakujur raga.
    Lir batu satangtung ti dampal suku
    nepi ka emun-emunan
    Ngabedega, ngabaduga, kukuh teu kahunyud waktu.

    Tutunggulan ngakar anyar, nyarirung hirup.
    Kalakay kawas rek ragrag malah pucukan
    Sabab akal malasipah ku SILIH ASAH.
    Sabab Ati tiis ngawening ku SILIH ASIH.
    Sabab jasad ngawujud laku ku SILIH ASUH.
    Siliwangi ngajatidiri.
    Hanjuang ngai lantaran ngadaun antap
    Handeuleum, andelemi sifat indung
    nu dijungjung na hulu hirup.

    Bagea Sumping Parahing; Para Pasukan Siliwangi.
    Nu ngahyang di alam LALANGSE KALA.
    Bral dongkap di alam KAWENGKU KALA
    Ngawujud kaceluk jadi Pangagung
    Ngajirim ngadiri ngajati; nga-Ratu Adil

    Abdi sadaya sono teu mipoho hoyong paamprok.
    PARAHING BAGEA SUMPING….!

    Hapunten ka para wargi sadaya,
    ieu rasa ngabudal teu katahan,
    Ngalenyepan “Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan'.
    Salam baktos ka sadaya para wargi. Cag. @kalfatar.

    BalasHapus
  4. Sampurasun
    Kalayan rohmat Alloh tur barokah manten-Na.
    SEJA URUN PANGBAGEA SUMPING.
    Ngadugikeun kareueus dina ieu situs.
    Nu dibagea ku Kecap Panganter; “Rajah”
    Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan.

    Nitenan kecap anu katata dina ieu babaran,
    Lir mancar dangiang alam anu ninggang kana wayah.
    Cunduk waktu purun laku.
    Nyukma alam nu katewak dina rasa.
    Ngusumah ngalawung ka Lauh Mahfud.
    Nitis ngawanci, ngadiri di Lauh Jinawi.
    Dina ati anu suci.

    Rancage gawe meber ka sekeseler.
    Wuruh ku panglimpud elmu.
    Sewu, mangrewu teu kaitung.
    Saestu akur reujeung Hyung Agung.

    Boa sinyal Budak Angon rek kapeto….?
    Boa sinyal Budak Janggotan rek makalangan…?
    Ngahiji kawin, ngababakan ngamanunggal na jatirasa.

    Alam asa mere tanda.
    Ngan mere tanda ka tiap diri anu surti.
    Anu boga kanyaah hayang nata ieu dunya.
    Nu ngawatek teu robah sakujur raga.
    Lir batu satangtung ti dampal suku nepi ka emun-emunan
    Ngabedega, ngabaduga, kukuh teu kahunyud waktu.

    Tutunggulan ngakar anyar, nyarirung hirup.
    Kalakay kawas rek ragrag malah pucukan
    Sabab akal malasipah ku SILIH ASAH.
    Sabab Ati tiis ngawening ku SILIH ASIH.
    Sabab jasad ngawujud laku ku SILIH ASUH.
    Siliwangi ngajatidiri.
    Hanjuang ngai lantaran ngadaun antap
    Handeuleum, andelemi sifat indung nu dijungjung na hulu hirup.

    Bagea Sumping Parahing; Para Pasukan Siliwangi.
    Nu ngahyang di alam LALANGSE KALA.
    Bral dongkap di alam KAWENGKU KALA
    Ngawujud kaceluk jadi Pangagung
    Ngajirim ngadiri ngajati; nga-Ratu Adil

    Abdi sadaya sono teu mipoho hoyong paamprok.
    PARAHING BAGEA SUMPING….!

    Hapunten ka para wargi sadaya, ieu rasa ngabudal teu katahan,
    Ngalenyepan “Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan'.
    Salam baktos ka sadaya para wargi. Cag. @kalfatar.

    BalasHapus

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.