Iklan

02 Maret 2010

PEUPEUJEUH TI BAPA KA HIDEP





Anaking nu kasep jeung geulis, geus kailaharan sifat bapa mun munggaran rek ngamimitian ngaruntuy catur ngareka basa teh estuning hese beleke sok sanajan dina dada pagaliwota ku mangrupa-rupa hal nu hayang dikedalkeun ka hidep. Heueuh na kituna mah hampuraeun hidep mah boga bapa teh da estuning lain ahli reka basa jajauheun kawas bujangga mah. Tapi hidep duaan tong ngamomorekeun rasa kanyaah bapa ka hidep mah.
Anaking nu kasep jeung geulis, enya satadina mah bapa teh moal waka nulis ieu peupeujeuh ayeuna-ayeuna. Pangpangna mah hidep oge apanan barudak kamari sore keneh nu tangtuna oge can pati ngarti kana eusining ieu walapatra ti bapa. Tapi bapa teh aya kasieun, seug inggis umur bapa teu lila deui. Memang nilik jirim mah kiwari bapa katingalina masih keneh cangker, pangawakan dedeg jeung dina umur oge apanan masih keneh hulu tilu. Tapi hidep kudu ngayakinan yen nu ngaranna umur mah teu bisa ditangtukeun ku ngora jeung kolotna jalma. Estuning umur mah jiga buah kalapa, nu kolot murag, nu dawegan oge ragrag, samalah nu kakara pentil oge bisa gugur. Pon kitu deui umur jalma, nu tos sepuh ngantunkeun, nu pamuda palastra samalah nu kakara orok oge maot. Tah kusabab kitu, taya salahna bapa nulis ieu peupeujeuh teh ti ayeuna. Teu apal hidep iraha rek macana mah ?
Anaking nu kasep jeung geulis, hampura mun salilla ieu bapa can bisa nyugemakeun hidep duaan ku haliyah dunya barana. Lain hartina bapa teu hayang nyugemakeun, tapi dina denget ayeuna mah apanan hidep duaan oge geus papada ngamaklum kaayaan bapa jeung mamah teh gening sakieu kanyataanana. Tapi sakitu oge uyuhan mun dibandingkeun jeung kahirupan bapa baheula mah.. Atawa tong jauh teuing, bandingkeun jeung barudak nu saumur jeung hidep duaan weh heula nu aya disabudeureun imah urang. Apanan hidep mah boga hape sok sanajan lain nu mahal oge, jajauheun jeung bapa baheula hayang game watch oge kudu nyewa ka si emang nu nagog hareupeun sakola bari jeung ditalian oge. Atuh barudak sapangulinan hidep oge arang langka keneh nu baroga hape. Terus dina kagiatan luar sakola nu ku hidep dipikaresep diantarana Jaipongan. Bapa kacida ngarojong pisan kana karesep hidep duaan eta, eukeur mah apanan bapa oge mikaresep kana seni jeung budaya sunda titilar kolot bihari mah. Da mun seug tea mah basa baheula bapa keur budak enya basa di Mancagahar Pameungpeuk Garut keneh aya sanggar atawa lingkung seni nu ngajarkeun kana jaipongan atawa jeung nu lianna, jigana bapa mah bakal pangheulana miluanana oge meureun. Aeh, meureunan hidep mah can apal yen baheula waktu bapa sakola di SD pernah jadi pinunjul dina pasanggiri ngadongeng ti mimiti tingkat SD,kacamatan, jeung Kabupaten Garut. Ngan boboreh teh basa pasanggiri di Propinsi da kurang tataharna. Samalah nu ngaranna cerdas cermat jeung pemilihan murid teladan mah geus jadi kacapangan bapa mah. Pokona mah bapa mah keur leutik teh aktif pisan ngala ka enin hidep da anjeunna (almarhumah) oge kalintang aktifna jeung ngarojong pisan kana kagiatan bapa waktu harita teh. Basa keur SD kelas lima, bapa mah geus diajar jauh jeung indung. Ti Diknas teh aya program penitipan jeung pendidikan di Sasana Petirahan Anak ( SPA ) nu di Cisurupan. Harita mah teu ngarti naon petirahan anak teh ? Moal kitu kudu titirah ? Tapi da anu karasa harita mah ngan jadi perwakilan anak nu berprestasi ti tiap sakola sa kecamatan Pameungpeuk. Diditu bapa meunang kana sabulan leuwihna. Enya duka pedah bapa mah meureun teu pati loba cocooan kawas babaturan bapa nu kolotna baleunghar jadi nyalurkeun karesep teh kana kagiatan nu positif. Bapa inget harita waktu dilembur keneh, mun pareng bulan puasa sok pirajeunan ngabuburit teh ngadon lalajo video di bumina pak Rahmat ramana teh Rika nu bumina caket sakola SD bari mayarna teh mun budak 50 perak mun kolot 100 perak. Ari film karesep bapa harita diantarana Zabogar, Google Five, Megaloman Fire, Gaban, Gundala Putra Petir jeung anu lianna. Atuh mun hayang cocooan, bapa mah tara ieuh meuli ka toko kawas batur. Bapa mah sok nyieun sorangan atawa dipangdamelkeun ku abah hidep.


Atuh dina kadaharan, bapa mah tara ieuh hese jeung teu ogoan kawas batur. Aya kalana enin hidep teu nyayogikeun atawa memang teu kabeuli jang deungeun sangu, bapa mah sok milu mantuan pangnyiarkeun. Da sabenerna di pameungpeuk mah teu kakurangan ku kadaharan, asal urangna daek motekar. Disapanjang basisir laut santolo rajeg tangkal selong, cecendet jeung buah cermot. Atuh mun hayang lauk tingal marak make akar tua leteng (omat lain ku portas) dina sela-sela karang. Atawa ngala matalembu jeung sato laut lianna nu bisa didahar. Samalah ager jeung rane oge ngeunah pisan mun dijieun lalab atah teh. Kahirupan bapa harita kacida meurihna, samalah ua hidep mah nyata uwa Dudi pernah tikunclung kana sengsengan basa keur ngala ager ka tungtung ombak jeung tungtung karang. Untungan weh salamet nepi ka kiwari oge. Atuh keur jaman SMP, bapa mah geus bisa ngala duit sorangan. Mun subuh rebun bapa mah geus kencling indit ka laut santolo ngadon ngaronce lauk-lauk nu nyarelap dina jaring nu teu kaarah atawa mantuan meresan jaring engke diburuhan lauk. Hasilna sawareh dijual jeung sawarehna deui dipake deungeun sangu. Percaya teu ? bapa mah mun pareng istirahat sakola batur mah rabeng ka warung ngadon jarajan, bapa mah murak timbel bawa ti imah jeung beuleum tongkol... Dipurakna di saung tengah sawah deukeut sakola atawa handapeun tangkal kalapa doyong sisi susukan cikuda.
Ti jaman SD keneh bapa mah tara ngalobakeun jajan, jeung samalah bapa mah loba nu nraktir da butuh kana pangarti bapa. Bapa mah ti SD nepi STM teh ranking wae, jadi sok loba babaturan bapa nu nanyakeun soal ulangan atawa niron ka bapa tah buruhna teh sok ditraktir, tapi omat hidep mah tong nurutan nu salahna mah !
Lamun seug tea mah baheula aya acara Si Bolang, jigana bapa mah kabawaan. Da memang pangalaman ngasruk bapa mah kacida lamparna. Rek paeh di laut oge aya kana sababaraha kalina da bapa mah sok ngojay nangtang ombak laut bari ngaronce lauk jaringan, sok mindeng kagulung ombak sagara kidul nu motah. Atuh pangalaman ngasruk ka ranca-ranca bari ngala tutut atawa kembang tarate bapa mah ngarandapan sok sanajan sawak-awak digembrong lentah oge. Tapi sok sanajan meurih, ari ka adi-adi mah bapa teh nyaah pisan. Contona ka mamang hidep enya mang Yuri, bapa mah sok nyarek mun manehna hayang milu kamamana teh. Manehna mah nyaho geus aya weh ku bapa disiapkeun.


Bapa ngaguar pangalaman hirup baheula teh lain rek meredih yen hidep kudu nurutan kawas bapa baheula. Tapi mere eunteung yen gening kahirupan bapa mah kacida basajanna. Tah kahayang bapa mah hidep duaan teh bisa nyonto kana buleudna tekad bapa baheula dina enggoning merjoangkeun kahirupan. Tong jadi budak nu ogoan, epes meer, apatis jeung teu motekar. Inget kana papatah, urang kudu ngarah supaya bisa ngarih jeung kudu peurih supaya boga peurah ! Da hidep mah hirupna beda jaman jeung bapa keur budak, prak geura diajar sing soson-soson, hontal sagala cita-cita nu luhung. Sing jadi budak nu teger, pait daging pahang tulang, parek rejeki jauh kana balai jeung hirup hurip bisa mangfaat pikeun bangsa, nagara, agama jeung darigama.
Sakitu heula peupeujeuh ti bapa ayeuna. Sabenerna loba keneh nu kudu ditepikeun teh, ngan engke deui weh urang paluruh deui waktuna nu rineh......

Cag !
Bapa Jajang

3 komentar:

  1. Jadi sedihhhhhhhhhhhhhhhh..........

    BalasHapus
  2. YA ALLAH KANG............. MENI AMPIR CIREMBAY DA ABDI MAH MACANA............. ( APANA RIFA )

    BalasHapus
  3. Den > Kade bisi ceurik...

    Apana Rifa > Biasa kang saking ku nyaah ka putra..

    BalasHapus

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.