Iklan

19 Oktober 2010

NALEK


Nyai bojo akang, saestuna akang teh hayang ngobrolkeun hal ieu teh langsung paduhareupan jeung salira. Mung dalah dikumaha atuh da salira mah sok langsung ngagebes mun akang nyabit-nyabit hal ieu teh.

Ahir-ahir ieu naha sok ngalangkangan wae raray-raray jalmi nu dipikanyaah ku akang nanging tos teu aya dikieuna. Jeung naha akang teh teu weleh kagambar wae dina kongkolak rasa hal nu pakuat pakait na jeung maot ?

Akang kungsi nalek ka salira basa harita akang keur gering, " Mun akang ayeuna maot, sing rido nya. Jeung omat mihape barudak ".

Salira langsung ngagebes kalayan sora nu rada bedas " Sok kamana wae akang mah nyarios teh, naha teu nyaah ka barudak jeung si utun nu keur dikandung ieu ?"

Ih nyai, lain akang teu nyaah ka nyai jeung barudak komo ka si utun mah, ngan lamun mangsa na akang kudu paragat pisah nyawa jeung raga ayeuna-ayeuna, naha akang kawawa pikeun ngahalanganana ? Nya ari kahayang mah akang teh bisa panjang umur, sok komo jeung bisa kukumpul amal ibadah anu loba. Akang ge nya boga impian hayang milu nyaksian dina mangsa na barudak tumuwuh rumaja tug nepi ka dewasa na. Samalah akang teh hayang nyaksian nepi ka boga incu sagala. Meureun bungah dina mangsa na harita. Tapi anu kangaranan jodo, pati, bagja jeung cilaka mah apanan anging AnjeunNa nu uninga. Urang mah mung bisa ngararancang, da mung AnjeunNa nu nangtukeun mah.

Ngan ieu mah lamun... sakali deui lamun akang ninggalkeun nyai jeung barudak tiheula, poma nyai bisa ngajeujeuhkeun barudak sing nepi ka jucung neuleuman elmu bagbagan Agama jeung Darigama. Nya pangpangna mah elmu agama sangkan maraneh na bisa ngadu'akeun urang salaku kolotna. Apanan salah sahiji nu jadi bekel urang sabada tilar teh nyaeta pangdu'a ti anak anu Sholeh lin ?

Mudah-mudahan hal nu salila ieu kapikiran wae ku akang teh ngan saukur tangara sangkan akang leuwih soson-soson deui dina ibadah ka MantenNa jeung sing jadi pamecut sangkan akang leuwih mikanyaah ka salira jeung barudak...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.