Iklan

23 Agustus 2012

Fiksi Teuing


Sakepeung kuring sok tumanya ka diri, naha bet diparengkeun jadi jalma anu bageur jeung nyaahan ka batur ? Eta weh pédah kuring mah sok karunyaan jeung sok hayang méré pitulung waé ka batur.
Kungsi hiji mangsa kuring panggih jeung mahasiswi geulis rancunit umur 22 taun. Cenah manéhna can kungsi ngarasakeun boga kabogoh jeung bobogohan, nya da ujug-ujug bijil wéh rasa sosial jeung nyaahan kuring. Atuh teu talangké nawarkeun diri sangkan dijadikeun kabogoh ku manéhna….tuh sakitu daék berkorban na kuring mah nya ?

Kadua kalina kuring panggih jeung saurang dosén awéwé geulis nu umurna geus 35 taun tapi can nikah cenah mah. Beu, aya ku taréga éta kaum lalaki bet ngantep ka manehna… Atuh jiwa sosial jeung nyaahan kuring bijil deui, nya satékah polah nawarkeun diri jadi beubeureuh manehna…tuh kabuktian deui sakitu béréhan pisan kuring mah..

Anu panungtung mah kajadianana can lila. Kuring panggih jeung “ Ibu muda ” umur kurang leuwih 24 taunan kakara boga budak hiji leutik kénéh jeung beungeut manéhna kacida geulis jeung pangawakanana sampulur pisan. Hirupna ngan duaan wéh jeung anakna da dipangejatkeun ku salakina.
Beu, aya ku pikawatireun hirup salira teh nyi… Geulis-geulis kedah nandangan lara tunggara. Atuh sarua harita ge rasa bageur, nyaahan jeung sosial kuring ujug-ujug nguniang hudang. Terus satékah polah hayang deudeukeutan jeung nyi randa ngora tea….tuh sakitu bageurna kuring mah nya ?

Numatak réa babaturan nu ngomong yén kuring mah sakuduna gawé di dinas sosial da bageur jeung nyaahan tea…

*Bari culang cileung bisi aya sekuriti tukangeun*

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.