24 Maret 2009

Babasan jeung Paribasa

Dina basa sunda sok aya nu disebut babasan ( babasaan ) jeung oge aya nu disebut paribasa. Cara gampang pikeun ngabedakeunnana biasana dina wangunan kalimah. Babasan biasana kalimahna parendek sedengkeun paribasa biasana kalimahna paranjang.. Di handap ieu aya sawatara anu kaasup Babasan oge paribasa, pek bedakeun ku sorangan mana babasan ? mana paribasa ?

Maung ngamuk gajah meta
- aya kariweuhan.

Geulis kawanti-wanti endah kabina-bina
/ Geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat
- Geulis pisan

Di dinding kelir di sindang siloka
- di kiasankeun

Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin
- Geus kacida dipiwanohna

Geletuk batuna, gejebur caina
-Kacindekan ahir

Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat
- Nu jadi kolot kudu pohara di hormatna..

Tunggul di rarung, catang di rumpak
- Nyingkirkeun sagala hahalang

Inggis ku bisi, rempan ku sugan
- Rasa kasieun jeung hariwang

Takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar
- Teu bisa mungkir tina takdir

Legok tapak genteng kadek
- Loba pangalamanna

Urang teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang
- Teundeuh sing rapih

Nete taraje nincak hambalan
- ati-ati dina rengkak paripolah

Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
-- Waspada

Kagunturan madu, kaurugan menyan putih
- Bungah kacida

Katarik ati kagendang asmara
-- Jatuh cinta

Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan
-- Teguh pendirian

Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari
-- Tepat pada waktunya

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
-- Selalu bersama

teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola

buluan belut, jangjangan oray
pamohalan kajadian

sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae

nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana

buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh

teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae

leutik burih
euweuh kawani / elehan

daek macok embung dipacok
daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung

dagang oncom rancatan emas
ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna

caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat

disakompet daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda

deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya

ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar

dihin pinasti, anyar pinanggih
baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna

loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan

aya jalan komo meuntas
aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun

meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede

sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema

taya tangan pangawasa
jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga

aya nu dianjing cai
aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu disebut anjing cai téa.

peureum kadeuleu beunta karasa
ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh

samar polah samar rasa
henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak

seungit angin-anginan
seungit pisan meleber ka mana-mana

satungtung deuleu
ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan

ciri sabumi cara sadésa
masing-masing tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua

kudu bisa pindah cai pindah tampian
kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;

henteu terus jeung haté
henteu saenyana, ngan ukur omong baé

silih jenggut jeung nu gundul
ménta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga

legok tapak genténg kadék
réa pangalaman jeung kanyaho

désa maca cara nagara mawa tata
ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda

heureut deuleu pondok léngkah
ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok

ngabéjaan bulu tuur
ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun

puraga tamba kadengda
ngajalankeun paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan; digawé asal baé

poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin)
poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan

ulah leutik haté
ulah sieun atawa putus pangharepan

kabur pangacian
sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget

muncang labuh ka puhu
jalma nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna. Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan

garo singsat
samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun garo singsat mah awéwé

nuturkeun indung suku
leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan

dahar soré henteu isuk
ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina carita atawa dongéng

dug hulu pet nyawa
digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu cukup

sisit kadal
sial

tanda wisnu
tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot

nepi ka kaurugan taneuh beureum
nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan

teu uyahan
henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana henteu merenah

sakecap kadua gobang
ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit bawang

geus euweuh pangabetah
geus henteu aya nu matak betah

ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek)
dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké

gandrung kapirangrung
kaayaan jalma anu kaédanan

heurin ku létah
rék nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah rék nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur

kawas hayam keur endogan
élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu

satru kabuyutan
musuh tuturunan, atawa musuh gerot

tunggal sakocoran
masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki

sawan geureuh
gagal ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan tapi henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka budak.

jadi lalab rumbah
jadi bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”

luncat mulang
jalir tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu

ngembang kadu
olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.

asa aing uyah kidul
asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul cenah kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut séjénna

ditincak hulu
dihina lain lumayan, dihina lak lak dasar/bebeakan

mangduakeun
nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu séjén

kumaha geletuk batuna, kecebur caina
kumaha béhna, kumaha kajadianana baé

pondok jodo panjang baraya
sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna

sapu nyéré pegat simpay
pileuleuyan, kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék lunta jauh atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung deui. Sapu nyéré téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat, pasti nyeréna mancawura

ambek nyedek tanaga midek
rék ngalawan tapi henteu walakaya

julig ati
goréng haté, hianat

teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun
wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo

kajeun kendor dapon ngagémbol
papatah nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil

dedeg sampé rupa hadé
ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe

ngalambang sari
awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain muhrim; jinah

dikojayan
ditulungan tina karurubed

jelema andar-andar
jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan

nyiduh ka langit
méré naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana

ngahudang timburu
nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu katalian ku katresna.

ka bau-bau sungut
omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana

garo-garo teu ateul
gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona téh tukangeun ceuli

kurang saeundan
rada gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun jadi geugeus atawa gédéng.

kawas kapuk kaibunan
ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya pangawasa

asa runtag bumi alam
asa lebur kiamat / kawas rek kiamat

taya dunya kinasihan
henteu ngorétkeun naon baé. “Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya kinasihan, naon baé gé moal dikorétkeun.”

randa béngsrat
randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik

pohara dagdag-dédégna
ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana

lébér wawanén
gedé kawani, henteu boga kasieun

teu rék gedag bulu salambar
henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.

kawas sisaru jadi
jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana

murang-maring
ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna

teu boga pikir rangkepan
bolostrong, sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu nimbang-nimbang piakibateunana

ngadék sacékna, nilas saplasna
jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu dipindingan atawa dirasiahkeun

ditéték nepi ka bubuk leutikna
diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun

neukteuk méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus
ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan

murah congcot hambur bacot
béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari nyarékan téh

nganyar-nganyari
robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da nimbulkeun masalah

tambuh laku
laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.

murag bulu bitis
landian jang jalma anu tara betah di imah

lungguh tutut
jalmaanu katingalina cicingeun (tara ka lawan jenis) tapi kabogohna aya dimamana

ngarah pati
rék maéhan, rék ngala patina.

pahatu lalis
biasana budak anu geus henteu indung henteu bapa, nunggelis, hirup nyorangan henteu aya tempat nyalindung.

sada gelap salésér
sora guludug anu ruruntuyan anu matak kagét jeung sieun, biasana dilarapkeun ka jalma anu ngarasaeun kagét ku lantaran ngadéngé omongan anu henteu disangka pisan tur matak wirang malah ngabahayakeun ka dirina.

seuri maur
seuri bari semu nyeri jeung éra, seuri kapaksa.

sisit kadal
goréng milik, sakapeung disebut goréng sisit. Jigana keur urang Sunda mah sisit téh nangtukeun kadar.

teu aya nu dikilungan
teu aya anu disumputkeun, sagala rupana dicaritakeun sajalantrahna.

hayang ngarebut payung
hayang ngarebut kalungguhan atawa kapangkatan sabab di “jaman normal” mah, gegedén téh sok dipaparin payung luyu jeung pangkatna.

lébér wawanén
pinuh ku kawani, henteu aya kasieun, ludeungan.

leungiteun tapak
leungiteun susudan. Nu ngudag leungiteun buronanana.

matak muringkak atawa muriding bulu punduk
matak sieun, matak keueung, sabab lamun ngarasa sieun bulu punduk sok harudang.

meungpeun carang
api-api henteu nyaho, sanajan saenyana mah terang. Cara anu meungpeun tapi ramona dicarangkeun, jadi bisa nangénan nanaon anu saenyana kajadian. Meungpeun téh nutupan beungeut ku dua dampal leungeun anu dibébérkeun nepi ka téténjoan kahalangan.

miceun salasah
miceun tapak (salah hartina tapak suku) sangkan anu ngudag salah ngajugjug. Nu maling miceun salasah ku jalan neundeun barang beunang malingna di imah atawa pakarangan batur sangkan nu boga éta imah atawa pakarangan anu disangka malingna

teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola

buluan belut, jangjangan oray
pamohalan kajadian

sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae

nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana

buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh

teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae

leutik burih
euweuh kawani / elehan

daek macok embung dipacok
daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung

dagang oncom rancatan emas
ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna

caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat

disakompet daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda

deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya

ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar

dihin pinasti, anyar pinanggih
baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna

loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan

aya jalan komo meuntas
aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun

meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede

sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema


1 komentar:

Sumangga bilih aya anu bade ngomentaran kana lebet ieu posting, tapi poma kedah ngangge basa anu raos diaosna.