Iklan

18 November 2010

BASA MAH TEU MEULI



Balik ti pagawean teu kawas sasari kuring asa aya rasa guligah dina hate. Nyoba diinget-inget naon sabab na ? weleh teu kapanggih. Anjog ka hareupeun tukang dagang bubuahan, katenjo si abah nu dagangna keur mesek nangka jualeun. Randeg kuring ngeureunkeun si jalu, distandarkeun terus ngadeukeutan tukang dagang.
“ Bah, dupi nangka sakilo na sabaraha ? “ kuring nalek
“ Dua belas rebu cep, peryogi sakumaha ? “ pokna
“ Upami tiasa mah kumaha ku abdi ditawis sapuluh rebu sakilo, nanging abdi bade meser na mung satengah. Kumaha kaabotan teu ? “ kuring ngolongan
“ Mangga wae teu sawios-wios cep “ bari dekul nyiksikan nangka diberesihan tina jarami na.
“ Nangka na meni sae seger sareng arageung, kantenan jarami na oge meni arageung sareng katinggal na mah tiasa diteda oge nya bah ?
“ Ih, mangga wae upami encep kersa mah “ pokna bari dangah ngareret ka kuring bari belengeh seuri.
“ Aeh, dupi ieu teh buah kaweni nya bah ? “ ceuk kuring bari ragamang kana kaweni nu nambru dina gorobag buah si abah. Terus kaweni teh diambuan ku kuring, kaambeu seungit nyelengseng.
“ Sumuhun cep, kaweni sae eta mah ti Sukabumi sareng Bogor. Tara aya hileudan kaweni kieu mah, sok sanaos dilamikeun oge “ ceuk si abah bari ngasupkeun nangka nu meunang malastikan kana luhureun kilo.
“ Tuh, satengah kilo langkung saalit cep “ pokna bari nyerengeh
“ Kumaha bade kaweni na ? “ si abah nyusul tepus.
“ Sabaraha kitu buah kaweni teh bah ? ceuk kuring bari neundeun deui kaweni nu titadi dikeukeuweuk.
“ Upami bade mah 7500 sakilo na “
“ Kumaha upami ku abdi ditawis deui 7000 atuh sakilo ? Lebet sabaraha upami sakilo teh ? “ ceuk kuring
“ Mangga cep tiasa, ari lebet na mah kumaha ageung alit na cep, upami nu rada arageung mah lebet opat “
“ Punten atuh pangngilokeun sakilo mah, nanging palay dicampur nu ageung sareng nu aralit saha nu terang tiasa lebet 5 siki sakilo “ ceuk kuring bari ngodok pesak rek nyokot duit tina loket.
“ Tuh tingal geura cep, upami lima mah sakilo oge langkung sababaraha ons “
“ Kumaha atuh bah ? Janten sabarahaeun ? “ kuring nyusul tepus
“ Ah, wios pangaos sakilo weh cep “ ceuk si abah bari tetep darehdeh kawas mimiti.
Kusiwel kuring ngaluarkeun duit dua welas rebu, song diasongkeun ka si abah…
“ Bah, janten dua welas rebu nya ? Mangga ieu nyanggakeun artos na, nampi nangka sareng kaweni na…hatur nuhun nya bah “
“ Ieu atuh ku abah ditambihan kaweni na hiji deui, ieu mah abah masihan ka encep “ pok na bari maksa ngasupkeun kaweni hiji kana keresek nu geus dicepeng ku kuring.
“ Ih, kumaha ari abah ? Atuh engke abah janten rugel upami masihan ka abdi mah. Apanan icaleun eta mah “ ceuk kuring rada kekepehan..
“ Is, ieu mah abah weh nu palay masihan ka encep. Abah teh kataji pisan ku encep teh kana basa sareng tingkah polah encep nu sakitu sopan sareng darehdeh na ka aki-aki sapertos abah. Langki cep dijaman kiwari mah mendakan nonoman nu sapertos encep teh “ si abah ngejentrekeun semu daria.
“ Hatur nuhun pisan atuh bah, kasaean abah katampi pisan ku abdi. Mugia naon nu dipasihkeun ku abah ka abdi sing dibales ku MantenNa ku nu langkung sae, amin “
Kuring amitan ka si abah bari nganuhunkeun nepi ka sababaraha kali, terus ngadeukeutan si jalu terus ditumpakan teu poho standarna ditilepkeun. Starter dipencet, geuleuyeung kuring ngajauhan ti eta patempatan bari sajajalan ngagerendeng dina jero hate.
“ Duh, bener ceuk papatah indung kuring waktos masih keneh jumeneng. Naon hese na urang make basa nu sopan jeung lemes ka batur. Gening ari ku basa nu sopan mah saestuna bisa mulak malikkeun hate jalma.. Da basa mah teu meuli, kitu kasauran pun biang teh “

27 Oktober 2010

Halal Bihalal Amor jeung Camor Radio Mora FM







































Radio Mora FM salaku Radio Penegakan Hukum & Informasi (The
Law of Justice Station & Information) hiji-hiji na samalah di Indonesia, mangrupakeun radio nu salila ieu mere pencerahan dina ngeunaan hukum nu aya Indonesia. Ku alpukah na radio Mora FM 88.50 MHZ, rea masyarakat anu tadina teu apal jeung teu pati mirosea kana hukum kiwari ngarasa kaguar deui sumanget na pikeun ngorehan naon wae informasi ngeunaan hukum. Sabab kangaranan hirup kumbuh dina lingkungan masyarakat sapopoe, tinangtu teu leupas tina kaitan hukum nu lumaku di masyarakat jeung hukum nagara. Salian ti ngaguar ngeunaan hukum, radio Mora Fm oge mere informasi anu aktual jeung faktual sangkan masyarakat pendengar ( listener ) euyeub ku pangaweruh anu keur rame diobrolkeun. Oge aya penyiar anu salian ti mere informasi hukum teh aya oge anu mere hiburan pikeun pendengarna..
Tah, dina poe ahad tanggal 17 Oktober 2010 katukang diayakeun acara Tepung lawung ( halal bihalal ) antara Amor ( Anggota Mora ) oge Camor ( Calon ANggota Mora ) jeung Crew radio Mora.... Loba hiburan nu kapidangkeun......

26 Oktober 2010

SANTOLO SIAP MENJADI TEMPAT PARIWISATA UNGGULAN DI JAWA BARAT


Santolo, kiwari geus engkeut-eungkeut salin jinis jadi tempat jugjugan pariwisata alternatif salian ti Pangandaran. Ceuk sababaraha sumber nu kapanggih, cenah santolo teh asal kecap na tina " Sun to looke " ( tempat ningali panonpoe, walanda ) nya meureun nu dimaksud mah tempat nenjokeun panonpoe mun rek surup ( Sunset ). Kusabab baheula rea gegeden walanda nu ngageugeuh di perkebunan teh Neglasari, perkebunan karet miramareu jeung perkebunan karet Cimari ( baheula Cimari masih keneh perkebunan karet dan jadi perkebunan Sawit ) anu ngadon arulin pasosore ka basisir Santolo. Baheula mah di Cimari teh masih keneh perkebunan karet, ngan dina taun 1976 dirobah jadi perkebunan sawit.












Inget basa kuring keur leutik, yen disabudeureun Santolo teh masih keneh rea patilasan jaman kolonial walanda oge jaman pendudukan Jepang. Diantarana urut pos panjagaan di pulo Santolo nu palebah luhureun Sanghyang Lawang, Sodong (guha) Walanda, Sasak beusi dipameuntasan, hanggar pesawat, bunker-bunker tina beton kandel pikeun penjaga jeung rea-rea deui nu lainna.
Kiwari ku perangkat desa jeung kecamatan khususna kecamatan Cikelet jeung kecamatan Pameungpeuk, geus mimiti diropea jeung ditata dina hal fasilitas jeung tempat-tempat sabudeureun santolo nu biasa dijarugjug ku wisatawan. Ayeuna mah mun saenggeus meuntas make parahu congkreng ka pulo Santolo langsung dibageakeun ku nu jaga karcis di Sanghyang lawang. Saenggeus ngaliwatan pos retribusi, urang baris manggihan prasasri nu nyebutkeun yen didinya pernah diayakeun acara perayaan HUT RI ka 64 nu waktu harita diliput ku TV One serentek ti sababaraha wewengkon di Indonesia. Tah, tayoh na mah ti harita kakara kapikir pikeun ngaropea jeung ngabeberes kaayaan di pulo Santolo. Ayeuna mah jalan satapak nu aya disatengahing pulo santolo geus dibabad kakayon nu ngarangranganana. Waas baheula kuring ngadon kukurusukan jeung babaturan di jalan satapak eta bari ninggalian patilasan pos jaga pikeun ngawaskeun bisi aya musuh ti laut. Baheula mah rea keneh tangkal harendong jeung kaliage.
Salian ti eta, kiwari antara Pulo Santolo jeung Sayang Heulang geus dihubungkeun ku sasak nu ngagebat disaluhureun Curugan. Sedengkeun curugan teh mangrupakeun hiji muara anu kawilang aheng na. Kusabab di saalam dunya teh ngan aya sababaraha tempat nu sarua jeung curugan Santolo. Pangna disebut aheng, pedah kailaharan nu kangaranan muara mah nyaeta tempat panggih na cai laut jeung cai walungan jeung ilaharna cai walungan anu asup ka cai laut. Tapi di Santolo mah hal eta teh tibalik kaayaanana. Di Curugan santolo - Sayang heulang mah cai laut anu nyurug ka walungan, kusabab walungan anu leuwih handap tibatan laut.
Memang di sababaraha tempat masih kenah rea nu kudu dibeberes, utama na dina cara merenahkeun anu daragang sangkan henteu ngahalangan wisatawan nu arek ngararasakeun endahna pamandangan alam Santolo. Da ari angkutan mah geus teu kudu dipikahariwang, sabab geus rea mobil angkutan nepi ka sore...
Tah kusabab kiwari Santolo geus siap midang pikeun jadi tempat pangjugjugan wisata anu leuwih modern, perlu pisan kasadaran ti sakabeh pihak pikeun ngajaga jeung ngariksa babarengan sangkan ku alatan dironjatkeunanan ajen inajen pariwisata Santolo bisa ngaronjatkeun deui karaharjaan hirup kumbuh sakabeh masyarakat di sabudeureun Santolo......