Iklan

26 Februari 2009

KAHIRUPAN PAMAYANG (NELAYAN) DI PESISIR SANTOLO






Salila ieu loba jalma anu nyangka yen laut Santolo teh kaasup kacamatan Pameungpeuk, sok padahal laut santolo teh pernahna di desa Pamalayan kacamatan Cikelet, ngan memang kaasup wilayah VII Pameungpeuk nu jaman bareto mah sok di sebut kawadanaan Pameungpeuk.



Tapi tong ngarasa aneh mun para pamayang katut nu baroga parahu di laut Santolo, kalolobaannana urang Mancagahar Pameungpeuk, nu matak geus asa jadi wilayah sorangan. Turhale retribusi jeung panghasilan nu lianna asupna teh nya ka kas kacamatan Cikelet. Sedengkeun wates antara kacamatan Pameungpeuk jeung kacamatan Cikelet pernahna aya di walungan Cilauteureun, anu kiwari naha masih keneh pantes di sebut walungan atawa henteu ? kusabab kaayaannana geus beda jeung Cilauteureun baheula. Cilauteureun nu ka inget ku kuring baheula estuning matak seber, caina ngagulidag jeung cenah mah aya nu ngageugeuh nyaeta buaya buntung ( wallahu'alam ). Kiwari cilauteureun ngan saukur tempat jalma ngarala keusik keur ngabangun imah katut nu lianna.
Matak diaranan Cilauteureun teh pedah baheulana cenah cai laut teh ngan nepi semet dinya, teu pamohalan cilauteureun baheula nya muhara tea meureun...
Balik deui kana kahirupan pamayang di laut Santolo. Dina mangsa lauk keur ceuyah, tangtu kahirupan pamayang katut kulawargana ngadadak sugih mukti, naon kahayang anu salila ieu di sidem tangtu di cumponan. Perhiasan reunceum, kandaraan sayaga, barang elektronik sayogi malah teu saeutik nu ngadon ngaborong pakean....... Ngan hanjakal kitu deui sabalikna, mun dimana datang Usum Barat ( paceklik lauk ), sabagean pamayang teu boga deui pacabakan anu lianna. Saleuheung nu bisa ngeureut neundeun kana banda, maranehna boga golangkeuneun. Atawa nu boga sawah atawa ingon-ingon tangtu salila usum barat teh maranehna kagiatan nu lain jeung bisa ngahasilkeun..
Kurangna kasadaran kana ngeureut neundeun kana banda dina waktu keur jaya, tangtu jadi bangbaluh pikeun kahirupannana. Pancen pamarentah satempat pikeun ngageuing kasadaran warga sangkan bisa nyimpeun sabagean pakayana di Bank..