Iklan

18 November 2010

BASA MAH TEU MEULI



Balik ti pagawean teu kawas sasari kuring asa aya rasa guligah dina hate. Nyoba diinget-inget naon sabab na ? weleh teu kapanggih. Anjog ka hareupeun tukang dagang bubuahan, katenjo si abah nu dagangna keur mesek nangka jualeun. Randeg kuring ngeureunkeun si jalu, distandarkeun terus ngadeukeutan tukang dagang.
“ Bah, dupi nangka sakilo na sabaraha ? “ kuring nalek
“ Dua belas rebu cep, peryogi sakumaha ? “ pokna
“ Upami tiasa mah kumaha ku abdi ditawis sapuluh rebu sakilo, nanging abdi bade meser na mung satengah. Kumaha kaabotan teu ? “ kuring ngolongan
“ Mangga wae teu sawios-wios cep “ bari dekul nyiksikan nangka diberesihan tina jarami na.
“ Nangka na meni sae seger sareng arageung, kantenan jarami na oge meni arageung sareng katinggal na mah tiasa diteda oge nya bah ?
“ Ih, mangga wae upami encep kersa mah “ pokna bari dangah ngareret ka kuring bari belengeh seuri.
“ Aeh, dupi ieu teh buah kaweni nya bah ? “ ceuk kuring bari ragamang kana kaweni nu nambru dina gorobag buah si abah. Terus kaweni teh diambuan ku kuring, kaambeu seungit nyelengseng.
“ Sumuhun cep, kaweni sae eta mah ti Sukabumi sareng Bogor. Tara aya hileudan kaweni kieu mah, sok sanaos dilamikeun oge “ ceuk si abah bari ngasupkeun nangka nu meunang malastikan kana luhureun kilo.
“ Tuh, satengah kilo langkung saalit cep “ pokna bari nyerengeh
“ Kumaha bade kaweni na ? “ si abah nyusul tepus.
“ Sabaraha kitu buah kaweni teh bah ? ceuk kuring bari neundeun deui kaweni nu titadi dikeukeuweuk.
“ Upami bade mah 7500 sakilo na “
“ Kumaha upami ku abdi ditawis deui 7000 atuh sakilo ? Lebet sabaraha upami sakilo teh ? “ ceuk kuring
“ Mangga cep tiasa, ari lebet na mah kumaha ageung alit na cep, upami nu rada arageung mah lebet opat “
“ Punten atuh pangngilokeun sakilo mah, nanging palay dicampur nu ageung sareng nu aralit saha nu terang tiasa lebet 5 siki sakilo “ ceuk kuring bari ngodok pesak rek nyokot duit tina loket.
“ Tuh tingal geura cep, upami lima mah sakilo oge langkung sababaraha ons “
“ Kumaha atuh bah ? Janten sabarahaeun ? “ kuring nyusul tepus
“ Ah, wios pangaos sakilo weh cep “ ceuk si abah bari tetep darehdeh kawas mimiti.
Kusiwel kuring ngaluarkeun duit dua welas rebu, song diasongkeun ka si abah…
“ Bah, janten dua welas rebu nya ? Mangga ieu nyanggakeun artos na, nampi nangka sareng kaweni na…hatur nuhun nya bah “
“ Ieu atuh ku abah ditambihan kaweni na hiji deui, ieu mah abah masihan ka encep “ pok na bari maksa ngasupkeun kaweni hiji kana keresek nu geus dicepeng ku kuring.
“ Ih, kumaha ari abah ? Atuh engke abah janten rugel upami masihan ka abdi mah. Apanan icaleun eta mah “ ceuk kuring rada kekepehan..
“ Is, ieu mah abah weh nu palay masihan ka encep. Abah teh kataji pisan ku encep teh kana basa sareng tingkah polah encep nu sakitu sopan sareng darehdeh na ka aki-aki sapertos abah. Langki cep dijaman kiwari mah mendakan nonoman nu sapertos encep teh “ si abah ngejentrekeun semu daria.
“ Hatur nuhun pisan atuh bah, kasaean abah katampi pisan ku abdi. Mugia naon nu dipasihkeun ku abah ka abdi sing dibales ku MantenNa ku nu langkung sae, amin “
Kuring amitan ka si abah bari nganuhunkeun nepi ka sababaraha kali, terus ngadeukeutan si jalu terus ditumpakan teu poho standarna ditilepkeun. Starter dipencet, geuleuyeung kuring ngajauhan ti eta patempatan bari sajajalan ngagerendeng dina jero hate.
“ Duh, bener ceuk papatah indung kuring waktos masih keneh jumeneng. Naon hese na urang make basa nu sopan jeung lemes ka batur. Gening ari ku basa nu sopan mah saestuna bisa mulak malikkeun hate jalma.. Da basa mah teu meuli, kitu kasauran pun biang teh “