Iklan

30 Agustus 2011

Wilujeng boboran shiam 1432 H

Kanggo ngadangukeun ucapan

Allohu akbar....
Allohu akbar....
Allohu akbar....
Laa ilaha illallohu allohu akbar....
Allohu akbar walillahilham....
Balebat syawal geus ngagebat ti belah wetan, lir nu ngajurug miang ka layung romadhon taun ieu.
Sakumna umat mapag ku mangpirang kabungah rehna geus cacap nyubadanan kawajiban nu diparentahkeun.
Beungeut-beungeut nu pinuh kaunggulan nyumirat sewang-sewangan. Teu budak teu kolot kabeh dina wanci kiwari mah kebek ku rasa kabungah nu taya wates wangenna.
Nu ngalumbara geus nungtut pada miang ngajugjug lembur na sewang-sewangan, nya mudik istilah anu ilahar. Sok sanajan mangpirang karereged nu kasorang salila ngalumangsungkeun mudik, teu ieuh jadi halangan. Silaturahmi jeung sawangan hayang ngumpul ngariung jeung sakumna dulur nu ngagedur dina hate sewang-sewangan.
Aya kalana kacaturkeun nu cilaka tur ngarandapan tatu malahan nepi paragatna nyawa salila mudik, teu ieuh meper kana ngagedurna sumanget pikeun ngalakonan mudik. Saha atuh anu kudu disalahkeun mun geus kajadian kawas kieu ? Nu marudik atawa pamarentah ? Wallohu'alam.. Ngan mun nilik kana hak jeung kawajiban mah gening ari nu marudik/rahayat mah geus satekah polah nyumponan kawajiban jang ka nagara ku jalan mayaran mangpirang pajak. Ti mimiti PBB, Pajak Kandaraan tug nepi ka pajak penghasilan jeung Pajak Pertambahan Nilai ( PPN ). Tapi fasilitas nu katampa ku rahayat asana teh angger-angger keneh. Naha teu mampu pikeun pamarentah mun nyiapkeun sarana transfortasi pikeun mudik anu leuwih linuhung tapi kahontal ku masyarakat ? Naha teu mampu narekahan sangkan sistem mudik bisa dirobah ku sistem anu leuwih aman pikeun sakumna rahayat ? Naha teu mampu pamarentah narekahan sangkan dina mangsana usum mudik teh teu ngantay teuing (macet) nepikeun ka mang kilo-kilo meter ? Prak atuh geura sadar pikeun
nyumponan mana hak jeung mana kawajiban.

Ecagkeun ngeunaan hal eta....
Luar ti masalah anu disinghareupan dina saban mudik, kiwari oge rahayat disinghareupkeun deui kana masalah bedana ngeunaan nangtukeun tanggal 1 syawal 1432 H. Malahan ceuk kuring mah leuwih parna tibatan masalah mudik.
Naha ? Kusabab teu sakabeh rahayat ngalakukeun mudik, tapi ari nu ngaranna mapag lebaran mah tangtuna oge sakabeh umat muslim mah ngalakukeun. Memangna kakara ayeuna kitu aya beda dina nangtukeun poean lebaran teh ? Ah henteu, da tibaheula mula oge geus ilahar aya perbedaan dina hal eta mah. Tapi teu harengheng kawas kiwari. Kunaon kitu lantaranana ? Nya meureun pedah ari taun-taun katukang mah pamarentah geus mere iber ti anggalna mula jeung geus aya tangara saha nu sarua jeung saha anu beda dina nangtukeun poean lebaran teh.
Ari ayeuna mah istuning kabongohan kabeh, sabab samemehna geus diuar-uar yen lebaran teh poe salasa tanggal 30 agustus 2011 malahan ti ormas Muhammadiyah mah geus cindek pisan dina nangtukeunana teh malahan teu narik deui kana kaputusanana. Ari pamarentah jeung ormas islam anu sejenna mah nangtukeun 1 syawal 1432 H teh nyatana tanggal 31 agustus 2011.
Naha jadi masalah gede kitu ? Ah, henteu oge pikeun kuring mah... Ngan mangkarunyakeun weh ka pamajikan kuring jeung ibu-ibu rumah tangga anu sejenna nu geus pak pik pek popolah pikeun mapag poean lebaran anu satadina rek ragrag dina poe salasa tea. Opor geus dina kompor, kupat geus pating jarepat, tumis geus ngabaris, angen godog geus nagog ari pek lebaran dipundurkeun sapoe. Atuh pating haruleng, sabab rek dikumahakeun eta pasakan teh ? Saleuheung pikeun kulawarga anu boga kulkas bisa keneh neundeun pasakan dina kulkas. Ari nu teu boga kulkas ? Nya wayahna weh kudu terus-terusan ngahaneutkeun pasakan sangkan teu jadi haseum. Anu leuwih pikawatireun mah tatangga kuring anu sok purah pangmasakeun pikeun tatangga anu teu boga waktu pikeun popolah. Ku manehna sagala diasakan sagala rupa na, ari pek teh nu biasa narima atawa meuli hasil olahan manehna oge teu daek narima da cenah daek soteh keur lebaran wungkul. Atuh bangkar modal jeung tanaga.
Samalah mah rea jalma nu geus ngabaragikeun duit receh ka anak-anak dulur jeung tatangga na ti poe senen sore da momentumna pikeun mapag lebaran poe salasa tea. Naha kaduhung ? Lain ku kaduhungna ieu mah, ngan ku asa lebar ku momentumna. Apanan asa beda lamun ngabagikeun duit ka anak dulur jeung tatangga dina poe panungtungan shaum  oge poean lebaran, dibanding jeung poe biasa.
Jadi ayeuna kudu kumaha atuh pikeun rahayat saperti kuring ?
Nya ayeuna mah urang balikkeun deui weh ka diri sewang-sewangan. Rek lebaran poe salasa kari, rek lebaran poe rebo kajeun. Da kabeh oge tangtuna dina megatkeun hiji perkara teh geus jeung elmuna oge tangtuna wani nanggungna di poe jaga. Apanan salaku umat muslim teh geus diparentahkeun pikeun ngalakukeun ijtihad dina nangtukeun hal anu can ditangtukeun ti dituna. Anu utama na mah urang jeung papada dulur ulah nepikeun ka aya pacengkadan.