Iklan

04 Mei 2011

NGALELEMU HATE



Kuring salaku nu ngajabat di ieu wewengkon, asa teu kabejakeun aya rahayat kuring nu katalangsara. Kuring tea atuh pajabat nu dipilih ku karereaan rahayat, tinangtu dipikanyaah ku sakum na rahayat. Atuh cenah kamari kabejakeun di media citak jeung elektronik yen disatengahing hirup kumbuh na rahayat kuring aya nu Kalaparan, iss....sok kamana wae ari ngomong teh. Rahayat kuring mah lain Kalaparan, tapi eta mah ngan saukur rawan pangan. Ulah sok kamana wae atuh ngawartakeun teh. Komo mun nyebut rea rahayat kuring nu Nganggur, eta mah pedah belum terserap lapangan kerja. Terus aya nu ngomong cenah di jalan-jalan kota patalimarga na sok macet, ih lain macet tapi padat merayap. Jeung tara aya pelacuran di kota nu ku kuring dipingpin mah, nu aya ge penjaja seks komersil wungkul, maklum kumaha weh ngaran na jalma hirup nyiar kifayah. Tara kabejakeun aya garong, paling ge koruptor wungkul, terus euweuh nu miskin da paling oge rawan daya beli wungkul. Eta cenah sok kabejakeun rea galandangan diemper-emper toko, da rarasaan eta mah ngan saukur tuna wisma…. Tah kusabab kitu, rahayat ieu wewengkon teh kudu nganuhunkeun yen geus dipingpin ku kuring… Jeung omat, engke dina waktu na pemilu tong poho pilih deui kuring……….