Iklan

17 Maret 2010

BAGEA MANG OBAMA



Kiwari keur meujeuhna harengheng jeung jadi bahan padungdengan alatan kareungeu yen ka nagara urang teh arek kadatangan tamu agung (cenah) nu mangrupakeun papayung agung ti nagara anu katelah nagara mamang syam. Kawantu nu rek datang teh mangrupakeun papayung agung ti nagara anu salila ieu kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria jeung cenah mah pulisina alam dunya, atuh teu pamohalan jadi bahan kacapangan jeung geus jadi sabiwir hiji. Jeungna deui kangaranan ka bangsa Amerika teh rea jalma anu matak pro jeung kontra. Keun eta mah urusanana beda deui reujeungna kuring teu pati hayang ngabedal hal eta ayeuna......
Nu jadi bahan pangimeutan kuring mah nyaeta ku harenghengna pedah mang Obama teh rek datang ka nagara urang. Ampir sakabeh pangeusi nagara urang papada ngaromongkeun ngeunaan eta hal. Meni ibur salelembur. Ti mimiti padungdengan antara mang Encu jeung mang Arom nu duanana tukang beca nu sok mangkal di parapatan Ranca Geol, nepi ka ngobrolna mang Isab tukang bandros nu sok mangkal hareupeun imah kuring. Terus di pasar meni opeak jeung eur-eur nu madungdengkeun eta hal. Komo bi Ecin patilasan mang Carmad mah meni asa pangapalna ngomongna teh pedah cenah sok lalajo radio, ngadengekeun koran jeung maca tipi.. Teu katinggaleun di tampian lebakeun lembur kuring oge rea ibu-ibu nu keur nyareuseuh pakean teh bari ngaromongkeun ngeunaan kadatangan mang Obama. Cohagna mah warta ngeunaan rarancang kadatangan mang Obama ka nagara urang teh leuwih penting jeung daria tibatan ngeunaan beas keur dahar, iuran budak sakola, mayar hutang ka kiriditan jeung tibatan mandi sapopoe. Samalah Bah Omi tatangga kuring mah nepi ka pasea jeung si Sudar pedah Bah Omi keukeuh neugtreug yen cenah baheula mang Obama teh babaturan ngadu kaleci jeung manehna. Reujeung cenah mang Obama teh budakna mang Duloh tukang dagang daun waru di pasar. Beu, pamohalan teuing atuh ari kitu mah....
Waktu poe salasa kamari, kuring ngahaja nganjang ka bumina mang Osad di kampung Cinta Randa. Maksud teh rek minangsaraya susuganan boga salang jeung carangka nu teu kapake, sabab kuring butuh keur nanggung dagangan nyaeta dage mun keur sakalieun ngider dagang. Ari rancatan mah moal kungsi nguyang ka batur da aya keneh rancatan weweg tina awi bitung meunang nukeuran ti mang Entis urang lembur Rengat Manah.

Anjog ka bumina mang Osad, kasampak mang Osad keur ngawangkong jeung istrina nyaeta bi Iyam bangun nu daria naker. Ku kuring teu ieuh waka digareuwahkeun, keun bari didedengekeun naon anu jadi bahan padungdenganana teh.

Mang Osad : " Lain Iyam, ceuk nyaneh kira-kira datangna mang Obama ka nagara urang teh arek nanahaon ?"
bi Iyam : " Ah, paling oge arek masihkeun landong ka saderekna nu di Cieurih. Apanan aya kana dua bulanna saderek mang Obama teh katarajang kasakit nyeri neureuy, malah geus diubar aber kamamana ".
Mang Osad : " Har, baruk kitu nyah ? Lain, da dedengean akang mah cenah rek menta laja ka bi Erat di Ci Ranca Gaok ".
Bi Iyam : " Laja jang nanahaon kitu sarkang ?"
Mang Osad : " Keur ubar hapur, cenah diditu mah hese pisan manggihan tangkal laja teh. Cenah mah eta laja teh dihijikeun jeung daun kiria oge uyah saeutik, terus digesekeun kanu hapur ".
Bi Iyam : " Baruk mang Obama katerap hapur kitu ? "
Mang Osad : " Is,, sok lalawora ari taeun teh. Sanes kanggo anjeunna, tapi kanggo salah saurang stafna nu hapuran mah "

Sajongjonan taya nu nyoara. Teu kungsi lila Bi Iyam nanya ka mang Osad.

Bi Iyam : " Lain sugan si sarkang ngareungeu beja, kira-kira rek sabaraha lila eta mang Obama di nagara urang teh ? "
Mang Osad : " nya paling oge moal lila da ngan rek tatamba ubar hapur tea jeung ngalayad wargi-wargina di lembur "
Bi Iyam : " Kira-kira ceuk sawangan akang, anjeunna ti Amerika teh nyandak oleh-oleh naon keur bagikeuneun wargi di lembur teh ".
Mang Osad : " nya paling oge teu jauh ti burayot, tengteng, kolontong. Opak jeung gula kawung weh meureun..."
Bi Iyam : " Ah, si sarkang mah sok kamana karep. Nu kitu mah ngahunyud di lembur urang oge. Meunggeus ah, kuring rek ngisikan ka tampian bisi kaburu burit...!" cenah bari ngaleos ninggalkeun mang Osad nu keur ngahuleng ngalamun mun engke amprok jeung mang Obama cenah rek menta bako mole tjap sintren jeung pahpir tjap payung bari sakalian jeung cangklongna.

Singhoreng warta rek kadatangan mang Obama teh meni geus nerekab ka pilemburan oge... Nyaan da geus jadi kailaharan di nagara urang mah sok remen nitenan jeung milu pangmikirankeun masalah deungeun. Ari kana masalah sorangan mah kailaharan tara ieuh dipirosea.
Ngan mudah-mudahan ku kadatanganna mang Obama ka nagara urang teh sing mawa mangfaat pikeun karaharjaan bangsa urang. Keun ngeunaan pro jeung kontra mah. Urang mah mancegkeun tekad salaku umat Islam, yen geus jadi kawajiban nyambat semah nu datang. Rek saha wae, sapanjang teu mawa maksud codeka ka urang mah. Kaasup semah nu teu satauhid jeung urang kawas mang Obama kasabit.

08 Maret 2010

KUMAHA RASA NA JADI PAMAYANG?









Poe minggu kamari tanggal 7 Maret, kuring katut Kang Wildan Nasution oge Kang Muklis nu kaduanana oge minangka Panata Calagara atawa Pembawa Acara di acara Cikapundung nu disiarkeun di Radio Garuda Bandung dibarengan ku salahsaurang muridna pa ustad Deddy Rahman nyobaan kumaha rasa jadi Pamayang atawa nelayan di laut Santolo Cikelet Garut.
Tapi samemeh ka laut Santolo, kuring nyimpangkeun heula obat ka salah saurang mitra dangu radio Garuda nu katarajang panyawat nyaeta Pa Ehen di Sindang Barang Cianjur Selatan. Atuh lalampahan oge dimimitian ti jalur Bandung-Ciwidey-Bale Gede-Naringgul-Cidaun-Sindang Barang-balik Cidaun deui-Jayanti-Ranca Buaya-Cikelet-nepi ka Santolo.
Sapanjang lalampahan estuning dibarung ku sempal guyon gogonjakan da kawantu kang Wildan Nasution mah sok sanajan inyana pituin urang Batak, tapi kacida nyunda pisan. Katambah diengklokan ku seniman Grup Saratus Persen jebolan ti STSI Bandung. Atuh lalampahan teh teu karasa cape jeung ngabosenkeun. Sok sanajan jalur nu kaliwatan masih keneh aya nu hara-haraeun jeung kaayaan jalanna anu masih keneh taringgul loba jalan anu lalegok, tapi mobil anu ditumpakan ku kuring saparakanca teu ieuh manggihan rereged.

Nepi di Sindang Barang teh sakitar jam 8 peuting, atuh teu lila teuing di Sindang Barang da lalampahan masih keneh jauh. Lalampahan diteruskeun ka lebah wetan muru ka Ranca Buaya.Anjog ka Ranca Buaya, kuring saparakanca diaku ku salah saurang warga urang dinya nu samemehna geus wawuh ka kang Wildan Nasution. Kuring saparakanca disuguhan pasakan khas urang basisir diantarana goreng lauk tongkol. Atuh kusabab kaayaan beuteung kuring saparakanca dina kaayaan lapar, teu kungsi lila naon anu di suguhkeun ku nu boga imah teh tingal kari sesa. Katurug-turug sambelna meni matak ponyo kana dahar....

Rengse barang dahar, kuring saparakanca neruskeun deui lalampahan muru ka laut Santolo. Tapi kusabab kaayaan geus peuting teuing, harita teh kira-kira jam satu peuting nya kuring saparakanca ngadon ngareureuhkeun heula awak di imah kolot kuring di Mancagahar pameungpeuk Garut.
Isukna kuring nginjeum parahu anu sok dipake ngala lauk ka tengah laut nu adi kuring, sok sanajan samemehna mah eta parahu teh anu almarhumah pun biang. Kusabab tos ngantunkeun, nya di beuli ku adi kuring nu bungsu.
Bet dak dumadakan mesin parahu teh mogok. Saenggeus ngadatangkeun jalma nu geus manukna dina ngomean mesin parahu, nya mesin teh bisa hurung deui sabihara bihari.
Sagala parabot pikeun nguseup di laut geus disiapkeun, kaasup keur eupan.
Parahu ngageuleuyeung ka tengah laut. Lila-lila beuki tarik majuna. Sakur nu dina parahu teu loba omong. kaasup kang Wildan jeung kang Muklis. Duka pedah kakara ngarasaan meureun naek parahu fiberglass nu samodel kitu mah duka keur ngararasakeun lalampahan ka tengah laut.
Saenggeus manggihan tempat nu sakirana loyog keur nguseup, nya mesin parahu dipareuman. Kakara karasa oyagna cai sagara. Kaayaan ditengah laut estuning matak ketir. Jauh kaditu kadieu nu satungtung deuleu ngan cai pangset wungkul. Kuring teu milu nguseup, keun bae batur nu jadi semah wungkul weh nu nguseup mah, eukeur mah kuring mah teu pati resep kana usap useup teh.
Sawatara lila ti harita kakara kadenge Kang Muklis nataran jeujeur anu disanggut ku lauk. Manehna aduregeng pakuat-kuat tanaga jeung lauk. Ngan orokaya tali useupna teu pati kuat nahan tanaga lauk, atuh jeprut pegat. Lauk teu kapuluk....lapur....
Pon kitu deui kang Wildan, saruana useupna teh disanggut ku lauk, ngan sarua nasibna kawas kang Muklis. Ngan kang Wildan mah laukna leupas tina useupna keneh...nyamos deui wae..

Tingal kuring nu teu milu nanaon, ngadon ngalelentuk bari ngararasakeun murel anu teu katahan. Perlu ditembarakeun didieu, yen ti Bandung keneh kuring teh geus teu ngareunah awak. Beuteung asa kembung da kebeneran aya gangguan pencernaan ceuk dokter mah. Samalah sapanjang lalampahan dina mobil oge kuring teh geus murel terus.
Kusabab teu kuat nahan diayunambingkeun ku cai laut, nya jebol oge pertahanan kuring. Atuh kuring boboroloan ongkek...mabok laut euy...
Atuh kusabab teu kuat ku panasna hawa di tengah laut da meureun tacan biasa tea, iraha teuing atuh urang kota kudu lalautan ? nya antukna kuring menta ka juru mudi sangkan mawa kuring deui ka darat. Sok sanajan teu beubeunangan lauk nu dipiharep, tapi sahanteuna kuring saparakanca geus ngarasakeun kumaha jadi Pamayang.
Dina jero hate kuring ngarasa kawiwirangan, pedah naha nu jadi pribumi jeung nu boga parahuna tapi bet ongkek ? ari batur anu puguh-puguh semah bet kuat teu mabok laut.
Sanepi di darat, kuring langsung ngaleklek kana es campur beak kana 2 gelasna. Tayohna mah pikeun ngagentian anu dipiceun di tengah laut tea....heheehhehehe....
Kuring saparakanca balik ka imah kuring. Satepina geus disampakeun beuleum lauk layur jeung tongkol nu dibeuleum ku adi kuring nu pangais bungsu nyaeta Yuri....
Sorena kuring saparakanca balik deui ka Bandung bari mawa pangalaman anu kacida mundelna sapanjang lalampahan mapay jalur lingkar selatan pulo jawa....


Cag....

KECAP PANGANTEUR


- bus asup
- nyah beunta
- hing ceurik
- segruk ceurik
- am dahar
- jol datang
- rap dibaju
- deker digawé
- gék diuk
- reg eureun
- geleber hiber
- dut hitut
- kuniang hudang
- belenyéh/nyéh imut
- gedig indit
- léos indit
- wér kiih
- blug labuh
- berebet lumpat
- jleng luncat
- geleser maju
- belewer malédog
- brus mandi
- térékél naék
- gampleng nampiling
- blak nangkarak
- jung nangtung
- sebrut narajang
- habek neunggeul
-lek neureuy
- lar ngaliwat
- bluk ngangkuban
- biur ngapung
- golédag ngedeng
- gewewek ngégél
- réngkénék ngigel
- leguk/regot nginum
- burusut ngising
- pok ngomong
- celengkeung ngomong
- trét nulis
- gaplok nyabok
- gap nyagap
- sirintil nyampeurkeun
- gantawang nyarékan
- kerewek nyekel
- cong nyembah
- crot nyiduh
- celengok nyium
- kop nyokot
- bluk nyuuh
- reup peureum
- dug saré
- barakatak seuri
- ceuleukeuteuk seuri
- cakakak seuri
- cikikik seuri
- lep teuleum
- eureuleu teurab
- clak tumpak
- luk tungkul
- jrut turun
- nyot ngenyot
- pelenyun udud
- cat unggah
- orolo utah
- beledug bitu
- beleték peupeus
- beletok potong
- béréwék soék
- bray beurang
- bray muka
- bray caang
- breg hujan
- cep tiis
- gejebur kana cai
- jedak diadu
- jeduk tidagor
- jegug sora anjing
- jegur sora marieum
- jentréng kacapi
- jep jempé
- jeprut pegat
- kecebuk sora cai
- kecemplung kana sumur
- kepluk murag
- kérésék sora daun
- ketruk sora sapatu
- les leungit
- paralak hujan
- pédénghél keuheul
- peledek bau hitut
- pes pareum
- pleng ambleng
- plong ngemplong
- prung pegat
- prung ngamimitian
- pudigdig ambek
- rekét sora panto
- rob ngarogrog
- rup dirungkupan
- seguk sora kolécér
- semprung pegat
- sruk-srék sora ragaji
- trong kohkol

02 Maret 2010

BABAR KECAP PANYIPUHAN ALAM PANYUNDAAN


Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya.
Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.
Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.
Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.
Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.
Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda.

Babak carita urang buka ku tekad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH :
Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.
Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.

Hurung ngempur Lampu Agung - Siang Leumpang Ngabaladah...
Ku Rasa nu Ngabasa.
Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara.
Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga.
Ku Uga nu Ngawaruga.

Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat.
Pangjangka nu ngajarak saban arah - ngajadikeun KARAMAH.
Pamatri nu ngajirim kana diri - ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabale gandrung - ngajadikeun KARUMAH.
Pangleber nu meber ka sekeseler - ngajadikeun KAREMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero - ngajadikeun KAROMAH.
Panggeter nu meper - ngajadikeun KAREMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung - ngajadikeun KEREUMAH.

Basa nu hirup dina Rasa - Nga Uga KANYATAAN.
Basa nu hirup jadi Wasa - Nga Waruga KALAMPAHAN.

Indung nu jadi simbul Panyipuh :
Kembang tujuh rupa nu baris mere tangara seungitna Jati Sunda.
Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.
Gelarhirhing " BABAR SUNDA - DINA UGA - NGAWARUGA ".

Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rek ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.
Kuring rek ngalengkeh ti Wewengkon Siliwangi mere beja nu TEGES - ECES - BENTES :
SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.
SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.
SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
Sunda Indung Sagala Manusa. Bral...! Prak...! Prung...!

ASA DIHEULANG


Sesah.... bade timana munggaran babar ngaguar rasa. Ngaheruk, ngangluh jeung bingung rek timana ngaruntuy ngajujut catur. Nanging dina dada pagaliwota ku mangrupa-rupa kaseunggah. Nanging dina qalbu estu ngagulung ngabale bandung ku mangrupa-rupa kabingung.. Bade kamana deui atuh putra pikeun nyiruruk nyuhunkeun pitulung waktos nuju kenging bangbaluh. Kedah kamana deui atuh putra pikeun ngabudalkeun sagala rasa waktos kenging kasusah.. Da puguh anjeun mah estuning janten tempat panyaluuhan sadaya putra anjeun. Da puguh anjeun mah tempat panglumpatan dimana aya masalah.. Ari pek, kiwari anjeun tos tilar.......................

Subuh mangkukna, dak dumadakan bumi alam asa tungkeb. Alam nu tadina cangra ngadadak kalimpudan ku geuneuk maleukmeuk reueuk hideng.. Pileuleuyan Mamah, sok sanaos putra neger-neger maneh nahan sagala rasa supados tong bengkah janten cimata.. Sanaos ka adi-adi abdi wawadi supados teu kenging kaleuleuwihi mirig ku citangis. Angger weh putra teu tiasa nahan rembesna cipanon. Angger weh putra teu tiasa nahan ragragna cisoca.. Layon anjeun digabrug digugulung ku saderek sadaya. Asa teu percanten kana naon nu tumiba harita. Salami ieu apanan dikulawargi urang mah teu acan kangtos dikantunkeun ku sasaha. Atuh si Ema, sumuhun ibuna mamah apanan aya keneh. Duh anjeunna meni gegerentelan waktos nguping mamah tilar. Saurna, naha make kudu anak nu miheulaan miang ti alam pawenangan ? Boh kitu deui raka oge paman-paman mamah apanan masih araya keneh rempeg sadayana.. Tapi naha ? Bet mamah anu mayunan angkat tipayun ? Tapi naha sakalieun dicandak ku nu Maha Kawasa teh bet jalmi nu salami ieu dipikaasih ku sabumi dipikanyaah ku sadaya ? Sadayana pada nganaha-naha, nanging diri enggal surti yen ieu teh tos takdir ti Gusti.

Mung hiji nu matak reugreug kanggo putra sadaya. Waktos dina mayunan sakaratul maut, mamah katinggal ikhlas, pasrah kalayan sadrah nampi dipenta nyawa ku Nu Maha Kawasa. Tina lambey mamah teu kendat-kendat ngucap kalimah tauhid... Laaillahaillallooh, Muhammadarasululloh....Laaillahaillallooh, Muhammadarasululloh...Astagfirullah al'adzim....Astagfirulloh al'adzim....! Eta pisan nu matak bagja kanggo putra.. Biheung tiasa kitu atanapi henteu putra mah dimana engke mayunan sakaratul maut teh ? Kantenan waktos mamah nyarios ka abdi " Jang, Mamah teh tos cape. Mamah hayang sare..." harita abdi ngawalon bari teu curiga " Mangga atuh mamah kulemkeun, abdi ge hawatos ninggal mamah teu acan kulem sawewengi ". Harita mamah malik ngaler bari peureum. Hate rada reugreug ningal mamah tiasa kulem, ari pek....nu dimaksad " sare " ku mamah teh singhoreng......duh Gusti...pun biang teh gening ngantunkeun !!

Sagala kasaean Mamah salami ieu boh ka wargi-wargi pon kitu deui ka batur atra natrat katinggal. Sadaya nu ngadangu sami-sami asa teu percanten. Mamah nu kamari-kamari jagjag waringkas kiwari tos ngababatang.. Tatanggi sa lembur ampir tumplek sadayana. Atuh urang laut oge papada sumping hoyong ngedalkeun rasa bela sungkawa.. Da gening Mamah mah meni berehan pisan ka sasaha teh.. Mamah mah gening aya kalana kajeun nyalira teu nuang, asal putra atanapi batur tiasa tuang.. Seueur jalmi boh anu kenal atanapi nu teu kenal nu ditulungan ku Mamah.. Sok sanaos dina cariosan Mamah mah sok seueur banyol, cawokah sakapeung mah harung gampung, nanging teu ieu matak nyeri hate batur.. Numawi teu helok upami seueur nu nyebatkeun " Asa DiHeulang " ku maotna Mamah teh..

Piwuruk Mamah ka palaputra sadayana estuning didama-dama pisan. Duh, sok emut kapungkur upami putra lepat nyarios rada kasar ka batur sok enggal dihulag bari dilereskeun. Undak usuk basa sunda estuning merele ti Mamah mah.. Pon kitu deui jiwa seni nu ngalir dina getih abdi, apanan lungsuran ti Mamah.. Sok emut kapungkur waktos dilembur, bari disaliksik sirah abdi Mamah ngajarkeun kawih " Girimis Kasorenakeun ". Dugi ka kiwari meni asa dadangueun abdi waktos Mamah ngahaleuang " Girimis, Kasorenakeun..ngeunteungan qalbu nu liwung..katumbiri layung langit awor jeung cipanon ngembeng...awor jeung cipanon ngembeng....." duh Gusti.....eta kawih sok digalindengkeun ku putra dugi ka kiwari.

Mamah, ku teu wasa nahan ieu cisoca. Malihan mah putra waktos nyerat ieu walapatra teh dibarung ku merebeyna cisoca. Cisoca putra ragragan murubut teu katahan, karaos haneut mapay damis.. Nanging sanes cisoca midangdam nu kaleuleuwihi tetebiheun ngarasula kana takdir ti Gusti. Nanging ieu mah cisoca nu dibarung pangdu'a kanggo mamah. Ieu mah estuning cisoca putra nu ngaraos kahutangan budi ku Mamah ti kawit abdi orok, budak, mangkak rumaja tug dugi ka kiwari manjing dewasa. Nanging rumaos putra teh tamelar ka Mamah, rumaos teu acan tiasa mulang tarima tetebiheun mulangkeun kaasih ti Mamah salami ieu mah.

Alhamdulillah, gening seueur pisan wargi2 sareng tatanggi nu haat bela ka Mamah teh. Layon mamah estuning dipiara didama-dama ku sadayana. Ti kawit nyiraman, ngaboehan, nyolatkeun, ngajajapkeun ka pajaratan tug dugi ka ngurebkeunana estuning pada2 hoyong miara.

Waktosna ngurebkeun, dak dumadakan dinten harita mah langit teh diparengkeun caang. sok sanaos apanan usum hujan dilembur teh.

Mamah, saleresna seueur keneh nu palay dibudalkeun ku putra teh... Nanging unggal bade ngutekkeun ramo kanggo ngetik, bet teu kiat nahan murubutna cisoca...

Ayeuna mah putra mung tiasa sambung pidu'a. Mugia Mamah ditampi Iman sareng Islamna, dicaangkeun di alam pakuburannana, ditempatkeun di tepat anu mulya mungguh Alloh SWT, oge mugi mamah mulihna ka alam kubur teh nyandak amal anu mundel... Insya Alloh putra katut saderek sadaya baris teu kendat-kendat ngintun pangdu'a kanggo mamah. Da apanan saur katerangan parantos natrat yen salah sawios anu baris ngahampangkeun dosa di akherat teh nyaeta Do'ana anak nu sholeh.....



Pileuleuyan....pileuleuyan mamah ! Insya Alloh jaga jaganing jaga urang diparengkeun deui riung mungpulung di SyurgaNa Alloh........



Amin Ya Robbal 'alamin.....

JEGER PAMEUNGPEUK


Basa mimiti asup mobil beus ukuran 3/4 ka wewengkon Pameungpeuk Garut, kacida pisan dipikalandep ku ampir sakabeh masyarakat Pameungpeuk jeung sabudeureunana. Bubuhan salila ieu sarana patalimarga nu ngahubungkeun Pameungpeuk jeung dayeuh Garut oge Bandung teh cukup ku mobil colt atawa elf/mikro... Turug-turug beus ieu mah cenah geus dipasang AC. Kangaranan urang lembur nu ilaharna mun hareudang teh cukup digeberan ku kepet atawa hihid, atuh naek beus nu aya AC-an meni jadi kacapangan.. Ampir kabeh nu rek lunta ka dayeuh ngahajakeun maregat beus AC-an tea. Samalah ceuk sakaol, jalma nu careraman mah sanajan teu boga kaperluan di dayeuh oge ngahajakeun lunta ti lembur naek beus AC-an tea..

Kacaritakeun dina hiji poe nu kacida hareudang bayeungyangna, da puguh Pameungpeuk teh apanan kaasup wewengkon basisir kidul samalah cenah jaga jaganing jaga mah Pameungpeuk teh baris sapanyaweran jeung Australia alatan ku mindengna lini...*teuing ketang, bet asa lahuta pisan..

Kaayaan dijero beus nu nu muru ka dayeuh Bandung kacida pagelek pisan. Tong boro kabagean tempat diuk, samalah nu rajeg nangtung oge kacida pasesedek pisan..beu, palaur pahili suku weh ieu mah...

Di sela-sela nu rajeg nangtung, katempo aya hiji lalaki anu pangawakanana kacida jalugjug jangkung gede, pasemon budi amprotan, kumis ngajedig sagede leungeun orok, panon buringas, sepir babalingbingan, dina pigeulang leungeun muringkel geulang bahar kenca katuhu, dina ramo leungeun pating perentul batu ali kenca katuhu jiga si Tessy srimulat, pokona mah matak sawan budak mun ninggali dedegan eta jalma...

Keur anteng nyerangkeun jalan nu baris kaliwatan, karasa ku eta jalma aya angin anu nebak kana pundukna. Sakali diantep...kadua kalina manehna ngalieuk ka tukang bari morongos " TONG HEUREUY BLOG ! BISI DIKADEK KU DEKAH...". Cenah bari ninggali deui kahareup.. Karasa aya angin deui nebak kana pundukna, eta mah pudigdig manehna nafsu asa diheureuykeun. Bari ngajewang kerah baju jalma nu aya satukangeunana rada diangkat pok manehna hahaok " GOBLOG SIAH !! HAYANG MODHAR SIA NGAHEUREUYKEUN KA DEWEK ? NANAONAN SIA NIUPAN PUNDUK DEWEK ? ".. Ngarasa kasalametanana kaancam, eta jalma ngawani-wani nyarita.." Punten kang, sanes abdi nu niupan kana punduk akang mah, tapi itu AC luhureun akang..." pokna. " HALAH SIAH, CAN APAL KA DEWEK MEUREUN. TONG BORONING PANGKAT SI ASE (AC), SI UDIN JEGER CICAHEUM OGE DIKADEK KU DEKAH ". Nu ngadenge narahan piseurieun tapi ditahan da sieun...

Satengahing jalan, pernahna di restoran nu aya dipalebah Gunung Gelap. Beus teh eureun.. Panumpang katut supir oge kenekna tarurun pikeun ngareureuhkeun kacape.. Teu katinggaleun si jeger pameungpeuk oge..

Manehna ngahaja embung aub jeung batur, daharna oge khusus sa meja ku sorangan.. Daharna rampus pisan. Sagala dihuapkeun, sagala diwewelkeun..

Ninggali kaayaan kitu, nu boga restoran kacida hariwangeunana.. Gancang nyampeurkeun si jeger tea bari pok nyarita rada dibedaskeun... " Punten nyuhunkeun perhatosanana, kumargi dinten ieu milangkala restoran sim kuring. Ka sing saha bae anu soantenna ageung kantenan handaruan mah, naon wae anu dituangna haratisss teu kedah mayar...."

Ngadenge kitu, eta si jeger ngagebrag meja bari jung nangtung pok nyarita sorana ngahaja digede-gedekeun.. " MANG !! NGAING DHAHAR JEUNG PAIS HHHAYAM GHENEP, GHEPHUK THUJUH...ENDHOG ASIN THILU...GOR.." encan ge tamat ngomongna, gancang dipotong ku nu boga restoran, " Tapi punten, maksad abdi sing saha bae anu ageung sorana teu kedah mayar tapi kedah kersa diadukeun sareng Maung !! " ngadenge kitu si jeger moyongkod bari neruskeun nataan nu didaharna " KICIMPRING HIJI, KIRIPIK, EMPING, TEMPE..KERE..." cenah, ngan sorana jadi cempreng jeung leutik.... Saenggeus mayar, gajleng manehna asup kana beus bari ngayekyek...sieun ari diadukeun jeung maung mah...

Sanepina di Bandung, si jeger pameungpeuk inget yen manehna boga babaturan basa dilembur nu kiwari dagang baso di wewengkon dalem kaum.. Manehna niat naek beca ti Kosambi.. Saenggeus manggih tukang beca, manehna nanya " MANG, MUN NGANTEURKEUN DEWEK KA ALUN-ALUN SABARAHA EUY ? ". Si emang beca " Goceng cep ". Si jeger ngahuleng.. Naon ari goceng teh ? Bari ngaleos manehna uleng mikir, panggih jeung tukang roko asongan.. " JANG, ARI GOCENG TEH NAON EUY ? ". Tukang roko : " wah bahaya kang, goceng teh ngajak gelut..." cenah bari ngaleos...

Ngadenge kitu si jeger asa ka tangtang, gancang nyampeurkeun si emang beca deui. Teu antaparah langsumg jekuk..jekuk..si emang beca diteunggeulan ku si jeger... " SIA NU NGAJAK GELUT KA NGAING TEH ? " cenah...



Si jeger kapeutingan di wewengkon dalem kaum, manehna inget kontrakan babaturana teh asup ka gang sempit antara gedong2 mol. Sanajan jeger oge sieun ari ku poek jeung sepi jempling mah. Manehna meunang akal, gancang cocorowokan tarik pisan " PEGAT...PEGAT...PEGAT...." Atuh burudul jalma2 nu geus ngampih teh kalaluar deui bari silih tanya." Mana bangsatna..mana bangsatna ? ".

" NU PEGAT TEH TALI KOLOR AING JING "

SERAT KANGGO NENG MPI


Kahatur mpi dimana wae ayana.....

Mpi, saestuna akang teh rada ham-ham bade nyerat ieu gerentes hate teh... Kainggis nu ngukuntit unggal wengi, kapaur nu gumulung unggal waktu. Palaur mpi aya sangkian nu sanes ka akang...

Nanging, alatan ku marudahna ieu rasa, estuning pagaliwota gumulung ngajadi hiji tur ngalantarankeun akang jadi gering fikir.. Sageuy geulis !

Beu ! Naha akang sok pirajeunan remen nyoreang ka mangsa katukang ? Mangsa lawas urang pada-pada lalagasan. Anjeun nu pernah ngaguratkeun hiji ngaran nu jadi catetan dina ati. Nu hamo laas sanajan kasilih ku wanci kapungkas ku mangsa. Nu hamo luntur sanajan mangrewu pamupus nu dipake pikeun nyinglarkeun ngaran salira. Anjeun estuning hiji wanoja titisaning widadari, anjeun hiji kania petengan sunda. Moal cukup catur pikeun ngagambarkeun kaagungan enung, moal suda carita pikeun ngabaladah kamulyaan salira.

Beu ! Tiwas jungjunan.. Sugan teh cangra bakal lana sapanjang beurang ? Singhoreng geuneuk maleukmeuk katutup reueuk di panungtungan poe..

Urang papada pisah bari mawa rasa ka tresna anu can suda...
Urang pada-pada naratas jalan sewang-sewangan...

Sakitu taun geus kararung, sakitu mangsa geus kasorang..

Na, pinasti ti hyang widi nu nakdirkeun urang pikeun patepung lawung paamprok jonghok deui... Saenggeus 12 taun lilana urang paanggang..

Ninggang hiji mangsa...

Dak dumadakan akang hayang mulang ka lembur matuh banjar karang pamidangan.. Jeung bet ku aneh, naha akang bet hayang nyorang jalan anu lain ti sasari.. Aya ku aneh deui, dak dumadakan si jalu nu salila ieu marengan lengkah kamana wae akang ingkah, nu tara rungsing sanajan digeder beurang peuting jeung tara baha sanajan diajak lunta kamana-mana...

Si jalu Mogok... Mugen... Haben nagen...

Dina kaayaan akang keur luut leet ku kesang, teu katohyan ti tukangeun aya sora nu halimpu nanya semu asa-asa, ngagero ku sora nu haros-hos " JAYUS !! ".

Sajongjonan akang teu mirosea kana eta sora. Pangrasa akang, eta nu ngagentra lain ka akang.. Sakali deui eta sora ngagero rada bedas " JAYUS !! Jajang ! Kang Jajang nya ?? " semu asa-asa.

Korejat, akang asa kagebah. Salila ieu taya saurang jalma nu ngagentra akang ku landihan eta..kajaba salira Mpi......

Sajongjonan akang hareugeueun, kawas bolon anu tinggar kalongeun. Asa-asa akang ngawalon " sumuhun akang pun Jajang, mpi...dupi ieu teh mpi sanes ?".

Salira ngawalon semu dareuda " sumuhun kang, abdi mpi. Apanan akang nu kapungkur hoyong digentraan JAYUS ku mpi teh pedah singketan tina nami akang JAJANG YOPIANDI U. SUPARMAN....".

Teu karasa urang pada-pada ngusikkeun rema panangan silih teuteup bangun nu teu percaya kana naon nu karandapan. Sajongjonan urang uplek cacarita ngabedah rasa kasono moho nu lawas teu paamprok..

Akang kacida daria basa ngabandungan salira nu nyarios.. Teu bosen2 akang nguping sora salira nu kawas dangding panggeuing hate nu kingkin, sora salira nu halimpu tur ngalagena lir tembang nu kasmaran.

Dugi ka hiji guneman, akang naros, " Mpi tos kagungan putra sabaraha ? ".
" Dua kang, kembar pameget wungkul " walonna.
" Dupi caroge damel dimana ? ", akang nyusul tepus.

Luk salira tungkul, kawas nu nandang bangbaluh nu kalintang abotna... Teu lami salira murubutkeun cisoca....salira nyegruk...akang hemeng....

Sajongjonan akang baluweng, samar polah samar rampa.

Lami ti harita salira nyarios ku sora nu dareuda meh-mehan teu ka kuping.. " Pun lanceuk tos tilar dunya kang, kenging musibah kacilakaan ".

" GUSTI.....!!

Tisaprak harita urang janten remen tepang..

Sakalieun akang mulang ka lembur, aya kalana akang nyimpang. Atanapi pirajeunan ngahajakeun urang ngukir pasini masang subaya pikeun patepung di hiji patempatan.

Dina mangsa akang nganjang ka bumi salira, tuang ibu ngabageakeun meni darehdeh naker dugi ka nga encep-encep ka akang teh. Da ari tuang rama mah apanan parantos lami lastari waktos mpi masih dikelas 1 SMA. Akang emut keneh yen tuang rama teh dipikasepuh ku urang lembur, samalih dijantenkeun pupuhu lembur oge purah ngaimaman di masjid nu aya di sagedengeun bumi salira..

Ku seringna akang nganjang, akang janten loma sareng si kembar putra salira...mekelan jajan parantos ilahar...

Atuh kulawargi mpi tos teu asa jeung jiga ka akang...

Tapi akang teu wantun dugi milampah codeka ka salira. Jajauheun tega ngagunasika... Kahormatan salira ku akang estuning dijaga...palias dugi ka luas ngalambang sari..

Beu ! Boa-boa urang tos papada kararung ?
Akang sadar ka tresna urang salah mangsa..
Kaasih diri teu manjing wanci..
Jangji pasini hamo pikeun ngabukti...

Apanan salira ge uninga, geulis ! Akang gaduh kabeubeurat.. Akang teu kenging jalir kana kawajiban salaku saurang salaki..

Akang palaur salira kabujeng langkung jauh miharep akang... Akang inggis salira ngungudag kalangkang heulang...

Akang undur lalaunan...akang ngejat rerencepan...

Salira lami teu ditepangan...nami salira dipupus dina phonebook nu akang...samalih akang gentos nomer henpon.

Sanes akang tega jungjunan, ieu kanggo kasaean urang duaan..

Lami ti harita, akang sok nyerangkeun salira ti katebihan.. Akang sok kayungyun upami ninggal salira janten SPG ( Sales Promotion Girl ) di salah sawios merk roko nu kajojo..samalih salira oge janten SPG di merk kopi nu kawentar... Akang ge sok merhatikeun ti kaanggangan waktos salira janten supplier barang2 ka Mall-mall nu aya di kota Garut, da salira mah gening meni geulis pisan, sampulur alus laur oge jangkung lenjang...

Aya kana satengah taun akang kitu teh...

Tapi naha kaayeunakeun mah akang tara mendakan salira ? Ku akang disusud ka tiap tempat nu biasa salira ngayakeun kagiatan, weleh teu patepung...

Moal kitu salira lunta ka Bandung ? Pedah harita salira kangtos wakca hoyong nyoba milari damel di Kota Kembang...

Samalah akang lah-lahan nyaketan bumi salira...

Akang pura-pura lebet ka supermarket nu aya dipayuneun bumi salira... Susuganan salira nuju balanja. Tapi, lebeng....

Susuganan pendak sareng putra salira bilih ngulampreng...

Sami..nyamos..... Tapi akang teu wantun dugi ka ngadongkapan bumi salira mah, inggis ngagareuwahkeun.

Akang teu aya niat nanaon, geulis ! Mung hoyong mastikeun salira aya dina kawilujengan..

Syukur-syukur salira parantos aya deui nu mihukum..

Beu ! Jigana bungah bungangang hate akang...asa leupas tina bangbaluh.. Pikeun akang, upami salira aya dina kabagjaan, akang ge ngaraos bagja. Kitu deui sawangsulna...

Akang mulang ka kota kembang kalawan rasa kapanasaran, naha teu tiasa mendakan salira ?

Dua sasih tiharita...

Bet diparengkeun akang pendak sareng murid ngaji waktos akang indekost caket bumi salira..nya tangtosna anjeunna teh tatanggi salira mpi..

Ti anjeunna akang kenging warta...

Yen salira.....duh Gusti....teu wasa... Geulis !

Mpi jungjunan akang parantos teu ayaaa.... Mpiiiiii !!!

Saurna anjeun tiwas kacilakaan waktos naek motor di Jayaraga....

Ampun Gusti....teu kiaaatttt.....!!

REUEUS KU PUN BOJO ANU GAPTEK


Sawangan pikeun miboga batur hirup nu geulis, beunghar jeung pinter tangtu dicangking ku sakumna lalaki nu ilahar...teuing tah ceuk sawangan lalaki nu teu ilahar mah..



Pon kitu deui kuring... Ti keur mangkak rumaja, ti mimiti aya sir ka awewe kuring sok nyawang kumaha mun kabiruyungan meunangkeun awewe nu loyog jeung kriteria di luhur ?



Kuring miang lunta ti lembur pikeun bisa ngahontal sagala kahayang nu disawang.. Alhamdulillah kuring diparengkeun panggih jeung hiji mojang lenjang urang Utama Cimahi nu ceuk kuring oge sing saha wae nu nenjo cenah meni rancunit, geulis bawaning ngajadi endah bawa ti kudrat ( jiga Wina nu nyanyi lagu sunda Budak Saha)... Nyi Imas ngaranna eta mojang teh... Rambutna ombak banyuan, socana meni cureuleuk, pangambung kuwung-kuwungan sok sanajan teu kasebut mancung oge, lambeyna lir ngagondewa, damis ngadaun seureuh, gado lir endog sapotong, waos lir gula gumantung, halis ngajeler paeh, imbit lir jaksi sajantung, cangkeng lengkeh lir papanting, pinareup meni nyeungseum.. Pokona teu aya cawadeunana ceuk kuring mah. Teuing pedah geus tarik watek jodo teuing karunyaeun ka kuring, eta nyi Imas teh ujug-ujug jiga nu kajamparing asih kapentang panah asmara dina munggaran patepung lawung paamprok jonghok jeung kuring (tapi ceuk uing mah jigana kusabab uing na weh nu kasep..heu..heu...). Pondokna carita, kuring kakara oge gawe 3 bulan di hiji perusahaan tekstil di daerah cimahi, ujug-ujug nyi imas menta dirapalan.. Sajongjonan hareugeueun.... Antara percaya jeung teu percaya... Maenya mojang nu sakitu kewes jeung kaasup kulawarga aya di lemburna, bet daek mileuleuheungkeun jajaka nu samodel kuring ? Kuring mah estuning nincak kana paribasa Jauh ka bedug anggang ka dulag..estuning urang kampung bau lisung.... Tuna harta sepi harti...



Tapi nyi imas katut kulawargana ngayakinkeun yen lain eta nu jadi udagan.... Nyi imas mah kacida yakinna yen jodo pati bagja cilaka anging kersana nu Maha Kawasa... Banda bisa diteangan cenah asal urangna nu daek ihtiar kalawan ngeureuyeuh bari nikreuh...

Jadi, kriteria geulis jeung beunghar geus nyampak di diri nyi imas... Tinggal ngabuktikeun pinterna...



Teu karasa kuring rumah tangga jeung manehna nincak ka taun nu ka 12.... Alhamdulillah Gusti nu Maha Suci parantos maparin turunan ka kuring jeung nyi imas murangkalih sajodo nu kasep jeung geulis nurun ti indung bapana..heu..heu...



Tinggal ngabuktikeun kapinteranana nyi imas. Nyi Imas kacida pinter pisan mun ngeunaan kana masak, salian ti eta kacida hese beleke.....

Komo mun ngomongkeun tekhnologi mah. Make hape ge kudu dibejaan sabaraha kali mun hayang nyetel lalaguan tina format mp3 teh... Kitu deui kana komputer, tong boro jiga batur maen internetan atawa nanahaon.. Nyi imas mah hayang nyetel lagu favoritna dina PC oge teu bisa-bisa, sakalieun muka jet audio atawa power dvd oge sok nitah ka budak nu cikal... Ari lagu karesepna nyaeta lagu2 nu sok dihaleuangkeun ku Fitri, Rani Silwi, Alda, Annie Carrera, Poppy mercury, Nike Ardila jeung Rosa...

Salian ti eta mah teu resepeun nyi Imas mah...



Pernah hiji mangsa nyarita ka kuring, cenah hayang jiga batur maen fesbuk... Pedah ngadenge ti kolot2na babaturan barudak di sanggar jaipongan jeung sok ninggali kuring pedah sok anteng mun keur fesbukan teh... Ku kuring diobrolkeun yen maen fesbuk teh rada rieut sabab loba fitur-fitur nu aneh. Kakara sakitu ge nyi Imas langsung murengked teu jadi hayang boga fesbuk teh.... Beu teu kasawang mun kuring jeung manehna aranteng maraen fesbuk, meureun barudak barangkeakan, imah teu kaurus da kuring mah teu kuat ngukut nu purah babantu di imah....



Manehna kacida percayaeun pisan ka kuring, cenah moal mungkin kuring ngalakukeun nirca satukangeun manehna.. Kitu deui kuring percaya ka manehna moal mungkin nirca satukangeun kuring, komo deui chatting an mah. Da ngahurungkeun komputerna oge teu bisaeun....





Tah eta pisan nu matak kuring nineung pisan ka nyi Imas teh....



I love You Full,....nyi Imas !!

PEUPEUJEUH KA DIRI


Sakapeung kuring sok pirajeunan mikir-mikir dina ati, nimbang-nimbang dina rasa naha nu jadi batur hirup kiwari teh geus yakin nu loyog jeung karep oge kahayang kuring ?
Lamun tea mah enya inyana nu baris mawa bagja turta maturan urang nepi katungtung pati, naha atuh sok pirajeunan remen laku pacengkadan ? Atawa eta mah ngan saukur samara dina enggoning ngaheuyeuk seureuh ngambah sagara rumah tangga ? Lamun seug tea mah kitu, nya baeu teh teuing katarima.
Reujeungna deui rarasaan teh naon anu disawang tibaheula, didago-dago tibareto, diimpi-impi tikamari sok pasalia jeung kanyataan nu karandapan kiwari. Aya kalana keur mangsa rumaja mah atawa mangsa lalagasan, nu kapicangcam pikeun jadi bebende hate kakasih diri turta nu baris jadi permaisuri ati teh anu kitu..nu kitu...nu kitu.... Samalah unggal usik neneda ka Nu Maha Kawasa, menekung mujasmedi ka Nu Maha Suci sangkan maparin batur hirup nu pangalusna pikeun urang. Malahan teu elat ditatayan naon syarat jeung kriteria anu dipikarep ku urang. Teu sadar yen aya katangtuan naon nu dipikahayang ku urang, can tangtu alus pikeun urang. Alus ceuk sawangan urang, teu terang mungguh MantenNa mah.
Pon kitu deui meureun pasangan urang oge baheula teh ngadu'a nu sarua jeung urang. Manehna oge hayang meunangkeun batur hirup teh anu kieu..nu kieu...nu kieu..... Manehna oge boa teu ngimpi-ngimpi acan meunangkeun batur nu kawas urang teh. Tayohna eta pangdu'a teh pagulung ngabale gandrung nya panggih sasaruanana, nu antukna bisa patarema. Atuh meureun anu kabiruyungan papada alus duanana diaranan "nurub cupu", komo mun nu sholeh jeung sholehah duanana papada balageur mah.
Aya deui nu papada kurang dina sagala rupana. Nya diaranan "pariuk manggih turub" weh nu kitu mah. Duanana miboga sifat pabedang-bedang pabengal-bengal, atuh lumayan dina salila rumah tangga teh sok pirajeunan haneuteun.

Nilik kana kaayaan kuring kiwari. Dina salila balabuh ngambah sagara rumah tangga ti semet tanggal 5 maret '98 nepi ka kiwari. Teu saeutik bela jeung codeka nu geus kalakonan ku kuring duaan. Geus teu kaitung sabaraha kali kuring ngaraheutan hate nu jadi pamajikan. Pon kitu deui sabalikna. Komo deui da apanan kuring mah disebutna oge rumah tangga masih keneh diajar. Harita kuring jeung pamajikan maheutkeun jangji pasini pikeun silih pikaasih dina beungkeutan tali suci teh dina umur kuring nincak 20 taun ari pamajikan mah dua taun sahandapeun kuring. Ceuk sawangan sarerea oge eta teh umur dimana jalma masih keneh labil can panceg dina hiji pamadegan. Nya teu pamohalan dina mangsa mitembeyan rumah tangga teh pirajeunan sok getas harupateun dina nyokot hiiji kaputusan. Duanana aya kalana bubudakeun dina nyarita jeung rengkak paripolah.
Tapi alhamdulillah kuring miboga dadasar nu lumayan panceg. Nyaeta didikan kulawarga ni kuat jeung pangalaman hirup nu teu dipiboga ku jalma nu lian nu tangtuna ge anu sapantar jeung kuring. Kuring teu weleh ngagem kuat peupeujeuh indung yen dina salila ngalakonan rumah tangga mah kudu boga timbangan. Guna na pikeun tinimbangan antara mana bela jeung mana codeka. Mun nyinghareupan pacengkadan, kudu gancang nyokot eta timbangan terus nimbang-nimbang loba keneh mana bela na atawa codeka na ? Mun karasa loba bela na tibatan codeka, nya urang kudu asak-asak hampura...

Tah dumasar kana hal eta, kuring saeutik-saeutik lelengkah halu pikeun ngawujudkeun naon anu baheula dicita-citakeun mangsa lalagasan. Kuring eungkeut-eungkeut ngarobah pasifatan jeung rengkak paripolah. Sangkan bisa mangaruhan pikeun pangeusi imah susuganan kageuing fikir ka gugah rasa nu antukna bisa ngawujud sagala rupa nu dipiharep.
Kuring yakin, MantenNa baris ngaijabah kana sagala pangdu'a ti umatNa nu pasrah sadrah jeung milampah sagala rupa nu diparentahNa. Apanan geus natrat dina katerangan "geura ngadaru'a aranjeun ka Kami, tangtuna Kami baris ngobulkeunana". Tapi nya kitu, sok sanajan aya jaminan sakabeh du'a teh bakal di qobul tapi aya waktu jeung tahapanana. Aya du'a teh nu cung creng harita keneh diijabah. Aya oge nu kudu ngadago heula kalayan watesan waktu nu teu ditangtukeun. Samalah aya du'a nu digantikeun kana naon nu leuwih hade pikeun urang. Da Gusti mah Maha Uninga...

Sugan weh sawangan jeung kahayang kuring baheula teh bisa kaijabahna dina waktu nu moal lila deui. Rarancang hayang miboga batur hirup nu sholehah, cageur, bageur, pinter turta bisa jadi pameper dimana keur keuheul, panghibur dimana keur tagiwur teh mudah-mudahan gancang kasorang. Pon kitu deui mudah-mudahan kuring sing leuwih wijaksana dina enggoning nyinghareupan sagala cocoba dodoja dina kahirupan...


Peupeujeuh Diri ieu dijieun pikeun pangeling-ngeling ka kuring jeung pamajikan nu minangkana mah arek milangkala laki rabi engke tanggal 5 Maret....

PEUPEUJEUH TI BAPA KA HIDEP





Anaking nu kasep jeung geulis, geus kailaharan sifat bapa mun munggaran rek ngamimitian ngaruntuy catur ngareka basa teh estuning hese beleke sok sanajan dina dada pagaliwota ku mangrupa-rupa hal nu hayang dikedalkeun ka hidep. Heueuh na kituna mah hampuraeun hidep mah boga bapa teh da estuning lain ahli reka basa jajauheun kawas bujangga mah. Tapi hidep duaan tong ngamomorekeun rasa kanyaah bapa ka hidep mah.
Anaking nu kasep jeung geulis, enya satadina mah bapa teh moal waka nulis ieu peupeujeuh ayeuna-ayeuna. Pangpangna mah hidep oge apanan barudak kamari sore keneh nu tangtuna oge can pati ngarti kana eusining ieu walapatra ti bapa. Tapi bapa teh aya kasieun, seug inggis umur bapa teu lila deui. Memang nilik jirim mah kiwari bapa katingalina masih keneh cangker, pangawakan dedeg jeung dina umur oge apanan masih keneh hulu tilu. Tapi hidep kudu ngayakinan yen nu ngaranna umur mah teu bisa ditangtukeun ku ngora jeung kolotna jalma. Estuning umur mah jiga buah kalapa, nu kolot murag, nu dawegan oge ragrag, samalah nu kakara pentil oge bisa gugur. Pon kitu deui umur jalma, nu tos sepuh ngantunkeun, nu pamuda palastra samalah nu kakara orok oge maot. Tah kusabab kitu, taya salahna bapa nulis ieu peupeujeuh teh ti ayeuna. Teu apal hidep iraha rek macana mah ?
Anaking nu kasep jeung geulis, hampura mun salilla ieu bapa can bisa nyugemakeun hidep duaan ku haliyah dunya barana. Lain hartina bapa teu hayang nyugemakeun, tapi dina denget ayeuna mah apanan hidep duaan oge geus papada ngamaklum kaayaan bapa jeung mamah teh gening sakieu kanyataanana. Tapi sakitu oge uyuhan mun dibandingkeun jeung kahirupan bapa baheula mah.. Atawa tong jauh teuing, bandingkeun jeung barudak nu saumur jeung hidep duaan weh heula nu aya disabudeureun imah urang. Apanan hidep mah boga hape sok sanajan lain nu mahal oge, jajauheun jeung bapa baheula hayang game watch oge kudu nyewa ka si emang nu nagog hareupeun sakola bari jeung ditalian oge. Atuh barudak sapangulinan hidep oge arang langka keneh nu baroga hape. Terus dina kagiatan luar sakola nu ku hidep dipikaresep diantarana Jaipongan. Bapa kacida ngarojong pisan kana karesep hidep duaan eta, eukeur mah apanan bapa oge mikaresep kana seni jeung budaya sunda titilar kolot bihari mah. Da mun seug tea mah basa baheula bapa keur budak enya basa di Mancagahar Pameungpeuk Garut keneh aya sanggar atawa lingkung seni nu ngajarkeun kana jaipongan atawa jeung nu lianna, jigana bapa mah bakal pangheulana miluanana oge meureun. Aeh, meureunan hidep mah can apal yen baheula waktu bapa sakola di SD pernah jadi pinunjul dina pasanggiri ngadongeng ti mimiti tingkat SD,kacamatan, jeung Kabupaten Garut. Ngan boboreh teh basa pasanggiri di Propinsi da kurang tataharna. Samalah nu ngaranna cerdas cermat jeung pemilihan murid teladan mah geus jadi kacapangan bapa mah. Pokona mah bapa mah keur leutik teh aktif pisan ngala ka enin hidep da anjeunna (almarhumah) oge kalintang aktifna jeung ngarojong pisan kana kagiatan bapa waktu harita teh. Basa keur SD kelas lima, bapa mah geus diajar jauh jeung indung. Ti Diknas teh aya program penitipan jeung pendidikan di Sasana Petirahan Anak ( SPA ) nu di Cisurupan. Harita mah teu ngarti naon petirahan anak teh ? Moal kitu kudu titirah ? Tapi da anu karasa harita mah ngan jadi perwakilan anak nu berprestasi ti tiap sakola sa kecamatan Pameungpeuk. Diditu bapa meunang kana sabulan leuwihna. Enya duka pedah bapa mah meureun teu pati loba cocooan kawas babaturan bapa nu kolotna baleunghar jadi nyalurkeun karesep teh kana kagiatan nu positif. Bapa inget harita waktu dilembur keneh, mun pareng bulan puasa sok pirajeunan ngabuburit teh ngadon lalajo video di bumina pak Rahmat ramana teh Rika nu bumina caket sakola SD bari mayarna teh mun budak 50 perak mun kolot 100 perak. Ari film karesep bapa harita diantarana Zabogar, Google Five, Megaloman Fire, Gaban, Gundala Putra Petir jeung anu lianna. Atuh mun hayang cocooan, bapa mah tara ieuh meuli ka toko kawas batur. Bapa mah sok nyieun sorangan atawa dipangdamelkeun ku abah hidep.


Atuh dina kadaharan, bapa mah tara ieuh hese jeung teu ogoan kawas batur. Aya kalana enin hidep teu nyayogikeun atawa memang teu kabeuli jang deungeun sangu, bapa mah sok milu mantuan pangnyiarkeun. Da sabenerna di pameungpeuk mah teu kakurangan ku kadaharan, asal urangna daek motekar. Disapanjang basisir laut santolo rajeg tangkal selong, cecendet jeung buah cermot. Atuh mun hayang lauk tingal marak make akar tua leteng (omat lain ku portas) dina sela-sela karang. Atawa ngala matalembu jeung sato laut lianna nu bisa didahar. Samalah ager jeung rane oge ngeunah pisan mun dijieun lalab atah teh. Kahirupan bapa harita kacida meurihna, samalah ua hidep mah nyata uwa Dudi pernah tikunclung kana sengsengan basa keur ngala ager ka tungtung ombak jeung tungtung karang. Untungan weh salamet nepi ka kiwari oge. Atuh keur jaman SMP, bapa mah geus bisa ngala duit sorangan. Mun subuh rebun bapa mah geus kencling indit ka laut santolo ngadon ngaronce lauk-lauk nu nyarelap dina jaring nu teu kaarah atawa mantuan meresan jaring engke diburuhan lauk. Hasilna sawareh dijual jeung sawarehna deui dipake deungeun sangu. Percaya teu ? bapa mah mun pareng istirahat sakola batur mah rabeng ka warung ngadon jarajan, bapa mah murak timbel bawa ti imah jeung beuleum tongkol... Dipurakna di saung tengah sawah deukeut sakola atawa handapeun tangkal kalapa doyong sisi susukan cikuda.
Ti jaman SD keneh bapa mah tara ngalobakeun jajan, jeung samalah bapa mah loba nu nraktir da butuh kana pangarti bapa. Bapa mah ti SD nepi STM teh ranking wae, jadi sok loba babaturan bapa nu nanyakeun soal ulangan atawa niron ka bapa tah buruhna teh sok ditraktir, tapi omat hidep mah tong nurutan nu salahna mah !
Lamun seug tea mah baheula aya acara Si Bolang, jigana bapa mah kabawaan. Da memang pangalaman ngasruk bapa mah kacida lamparna. Rek paeh di laut oge aya kana sababaraha kalina da bapa mah sok ngojay nangtang ombak laut bari ngaronce lauk jaringan, sok mindeng kagulung ombak sagara kidul nu motah. Atuh pangalaman ngasruk ka ranca-ranca bari ngala tutut atawa kembang tarate bapa mah ngarandapan sok sanajan sawak-awak digembrong lentah oge. Tapi sok sanajan meurih, ari ka adi-adi mah bapa teh nyaah pisan. Contona ka mamang hidep enya mang Yuri, bapa mah sok nyarek mun manehna hayang milu kamamana teh. Manehna mah nyaho geus aya weh ku bapa disiapkeun.


Bapa ngaguar pangalaman hirup baheula teh lain rek meredih yen hidep kudu nurutan kawas bapa baheula. Tapi mere eunteung yen gening kahirupan bapa mah kacida basajanna. Tah kahayang bapa mah hidep duaan teh bisa nyonto kana buleudna tekad bapa baheula dina enggoning merjoangkeun kahirupan. Tong jadi budak nu ogoan, epes meer, apatis jeung teu motekar. Inget kana papatah, urang kudu ngarah supaya bisa ngarih jeung kudu peurih supaya boga peurah ! Da hidep mah hirupna beda jaman jeung bapa keur budak, prak geura diajar sing soson-soson, hontal sagala cita-cita nu luhung. Sing jadi budak nu teger, pait daging pahang tulang, parek rejeki jauh kana balai jeung hirup hurip bisa mangfaat pikeun bangsa, nagara, agama jeung darigama.
Sakitu heula peupeujeuh ti bapa ayeuna. Sabenerna loba keneh nu kudu ditepikeun teh, ngan engke deui weh urang paluruh deui waktuna nu rineh......

Cag !
Bapa Jajang